sakola batik tea tangtoë diadjar ngarang atawa njieun tingkes sorangan. Goeroe- goeroena koedoe petingan, soepaja oelah gampang kasarad koe kaèrapaan, kabaoed koe èlmoe batoer.
Pikeun ngalaksanakeun pakarepan anue ditataan bieu tea, perloe aja artos piwaragadeunana. Doeit kaperloean ieui, lain oetjoeI ditatamboeh, da poegoeh djoedoelna, bakal aja goenana, lantaran roeksakna èlmoe ngabatik atjan pati pohara, masih aja kènèh pitarekaheunana. Ajeuna ninggang kènèh mangsana geusan nangtajoengan eta èlmoe kabinangkitan. anoe geus sakitoe loehoerna, oelah nepi ka moendoer keuna koe hama. Nja ieu oesaha anoe moelja anoe mawa goembirana manah ka soegri anoe moepoesti sareng djoemoeroeng kana kamadjoeanana kabinangkitan bangsa Djawa anoe geus sakitoe loehoerna.
Pertawis ti anoe gegel, J. Kats. __________
Koe margi teu atjan aja pakeunna, kakirangan piwaragadeunana tea, saajeuna teu atjan tiasa ngalaksanakeun sadajana, nembé ngawitan ngadarnel tongtonan (tentoonstelling). Pikeun tongtonkeuneun tea parantos rea batikan anoe dikempelkeen, di Djogdja koe pitandangna: R.A. Soerjadiningrat, Rd. Sostrowidjono. Di Solo koe pitandangna: Kangdjeng P.A.A. Prangwedono, sareng Kangdjeng P. A. Hadiwidjojo. K: R.A. Sosrodiningrat, K. R.T. Sarwoko Mangoen Koesoemo. Di Pasoendan koe pitandangna: K. Boepati Tjiamis, K. Boepati Tasikmalaja, K. Boepati Garoet, Rd. Ajoe, A. A, Koesoemasoebrata Tjiamis, Djoeragan Patih Garoet, Djoer. Patih Tasikmalaja, Djoer. Patih Tjiamis, Djoeragan Tjamat kota Tasikmalaja. Ti toekang batik parantos munboet roepi-roepi batikan, sadajana tongtonkeuneun di Jaarbeurs Bandoeng, Pasar |
Gambir Weltevreden, di Samarang sareng di tempat-tempat sanes anoe engke baris ditetepkeun ti pengker. Dina oenggal tongtonan tea baris aja salah saoerang anoe njanggakeun katrangan tina perkara batikan tea ka tatamoe-tatamoe.
Sapalih eta batikan teh diatoer neundeunna, anoe sae direndengkeun sareng anoe awon, nja eta soepados enggal ebreh katingali bentenna, boh dina batikanana, boh babaranana soemawonten garapanana mah. Di antawis ètâ batikan anoe ditongtonkeun tea, aja anoe sampoerna pisan saena, batikanana (toelisna, tingkesna) sae; babaranana (sogana) sae; garapanana sae. Aja deui anoe sae batikna, kirang sae sogana, sae sogana awon garapanana, sareng sawangsoelna. Dina oenggal batik tea ditapelan kertas kikitir katranganana. Di antawis anoe ditongtonkeun aja anoe kenging digaleuh, pangaosna diserat dina barangna, kenging. pesen. ka anoe ngadjagi di dinja. Di Djogdja parantos ngadeg hidji koemisi pikeun mariksa barang batikan anoe dipasrahkeun koe toekang batikan, anoe baris maparin tanda (koe tjap) kana batikan anoe sarae. Anaoe kapilih kana eta koemisi nja eta: Rd. A. Gandaatmadja sareng Kangdjeng Pangeran. sareng Rd. A. Soerjadiningrat. Di Mester koemisi saheulaanan: 1. Rd. Ajoe Poeradiredja. 2. Rd. Adjeng Gilangkantjana. 3. Rd. A.. Haroen al Razid. 4. Rd. A. Soerapoetna. Di tempat-tempat anoe sae baris disoehoenkeun soepaja ngajakeun koemisi anoe saroepi kitoe deui. Ieu di handap diserat batikan anoe bade ditongtonkeun teh. Bestuur hatoer noehoen ka sadaja para Djoeragan anoe parantos maparin naboet batikan kagoenganana tongtonkeuneun tea, lamina aja sasihna sarong nganoehoenkeun deui ka sadaja anoe roentojong kana ngalaksanakeun ièu oedagan. __________
|
Kaca:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/12
Ieu kaca can diuji baca
28