Ieu kaca can diuji baca
| teu tolih ka pawarti, | |
| catur galur teu digugu, | |
| maju indit nyorangan, | |
| lintar wanci tengah peuting, | |
| kacaturkeun sabaturna pada reuwas. | |
| 36. | Harita malem Salasa, |
| geus nepi ka isuk deui, | |
| Alimukidam teu datang, | |
| ku baturna pada ngungsi, | |
| bisi titeuleum palid, | |
| atawa kabawa laut, | |
| tapi weléh teu aya, | |
| ti dinya tuluy badami, | |
| riung-riung néangan akal tarékah. | |
| 37. | Keur kitu puncengis datang, |
| gancangna éta Ki Ali, | |
| pada nanya ku baturna, | |
| ka mana lampah ti peuting, | |
| ari walon Ki Ali, | |
| kuring téh peuting di laut, | |
| keur lintar ngeunah-ngeunah, | |
| henteu kanyahoan deui, | |
| aya anu ninggang beurat kana awak. | |
| 38. | Sihoréng téh ramat heurap, |
| kuring ampir henteu éling, | |
| beuheung dikenyang ka luar, | |
| ti dinya ngajerit ceurik, | |
| tapi henteu ditolih, | |
| kuring ditinggangkeun asup, | |
| kana sahiji koja, | |
| arék kabur hayang bijil, | |
| henteu bisa da kojana luhur pisan. | |
| 39. | Nyampak dina éta koja, |
| loba lauk rupi-rupi, | |
| tina ku awahing reuwas, | |
| boga rasa samar hurip, | |
| kuring les henteu éling, | |
| ari inget bet teu puguh, | |
| linglung paroék tingal, | |
| tapi pikir jejeg éling, | |
| sumangka téh moal salah ieu Embah. | |
| 40. | Saur Embah ka garwana, |
| barang geus sumping ka bumi, | |
| “Nyai lintar téh teu meunang, | |
| ieu ngan meunang saeutik, | |
| kitu gé hurang leutik, | |
| lumayan pais keur isuk.” | |
| ti dinya eusi koja, | |
| diucutkeun rék dipais, | |
| kuring ceurik bari matek jajampéan. | |
| 41. | “Aéh kutah si Mukidam,” |
| saur Embah ka sim kuring, | |
| “Sia téh mentas ti mana?” | |
| walon kuring,”Ongkoh abdi, | |
| ayeuna nembé bijil, | |
| tina koja tas karungkup,” | |
| walonna “Aéh kutan, | |
| naha lalawora teuing, | |
| ku aing mah ti tadi teu kanyahoan. | |
| 42. | Untung teu kapais sia, |
| semet ieu méré éling, | |
| ulah deui lalawora, | |
| nyorang cecegahan aing, | |
| untung sia pnibadi, | |
| tadi basa keur di laut, | |
| henteu ditaruk heula, | |
| ayeuna mah henjig balik, | |
| omat pisan sia ulah arék wéya.” | |
| 43. | Tah sakitu caritana, |
| anu ngalanggar pamali, | |
| harita téh éta Embah, | |
| mun urang mah eukeur ngecrik, | |
| mapay di turut sisi, | |
| ngala lauk nu lalembut, | |
| salah jeung benerna mah, | |
| éta wartos duka teuing, | |
| ngan buktina loba pisan nu percaya. | |
| 44. | Cegahanana di Sancang, |
| niir lauk gé teu jangji, | |
| dipantang tina asangna, | |
| kudu matana ditiir, | |
| sabab di éta nagri, | |
| aya hiji ménak agung, | |
| jenengan Prabu Sangsang, | |
| jadi mun diasang pasti, | |
| meunang bendu ti éta Parabu téa. | |
| 45. | Sabab ngunghak ka jenengan, |
| kecap asang nyabit-nyabit, | |
| nuluy nepi ka ayeuna, | |
| di mana lauk ditiir, | |
| matana enggeus pasti, | |
| kaluaran Sancang tangtu, | |
| karana nu séjén mah. |