raoet, lajeut saaleutan, ngoedag kana kaamanan, da nja tiloe tèa anoe ngahidjikeun doea noe pakia-kia, nja èta koemboeh hidji djeung doea. Tadi di loehoer parantos ditjarioskeun jèn bilangan doea tèh perlambang: goejoer tagiwoer, tagajoer noengtoen pakèwoeh; demi bilangan tiloe sawangsoelna iou mah mawa kerta. noengtoen kana loeloes roentoet. Tah tjing mangga ajeuna galih, naha èta perlambang doea djeung tiloe anoe bieu tèh henteu keuna oepami dieunteupkeun kana ajana Kiai Semar djeung Ki Togog dina wajang tèa?[1] Ajeuna mangga oerang tingali koemaha dina katrangan anoe sanés. Noemoetkeun dawoehan Kangdjeng Adipati Tjiamis pangsioen, Rd. A. A. Koesoemasoebrata, moenggoeh soerah sareng toetoeran Semar tèh, dawoehanana roepa-roepa, aja sababaraha hidji raratan djeung papajanana, sasoeroepanana-sasoeroepanana, karana djadi perlambang, koemaha dieunteupkeunana koe anoe boga babonna tjarita tèa baè, Saperti anoe ditjarioskeun dina Pramajoga, nja beda ti di anoe sanes. Tjeuk sakaol Semar tèh kieu asal-moeasalna: Semar tèh asal dewa, djenenganana keurna linggih keneh di Soeralaja nja èta Sangiang Moenget, èta tèh saderek Batara Goeroe kapi raka, poetra Sangiang Toenggal, poetoe Sangiang Wenang. Saparantos pada djadjaka, èta poetra baris diloengsoeran kaloenggoehan koe ramana, ngaradjaan di Kajangan, ngiras kana woewoelang djoemeneng Goeroe. Anoe digadang kana nampi kaloehoengan di Soeralaja tèh, nja tangtos Sangiang Moenget, lantaran poetra anoe sepoeh. Nanging Sangiang Moenget moegen baè, nandoek kana dawoehan rama, teu kersa djadi Goeroe, teu kersa djadi Radja di Kadewatan, anggoer masrahkeun ka raina. Raina oge awitna weleh teu kersa nampi, tina ngaraos aja anoe langkoeng wadjib. Èta doea saderek dongkap ka petjoh |
tina pada keukeuh teu kersa didjoengdjoeng-loenggoeh kana djadi Goeroe. Koe Sangiang Moenget kamanah jèn oepami ditagenan pada masang amarah, teu aja anoe leah daek ngelehan maneh, nja rnatak taroeng djeung doeloer, matak roentag sarerea. Koe margi èta Sangiang Moenget bade ngelehan maneh, sedja angkat ti Kajangan ngantoenkeun raina, da oepami kantoen njalira mah, nja moal iasa koemaha, tangtos kapaksa toemoet sakersa ramana.
Engglana Sanghijang Moenget lolos ti Kajangan. Nanging kataloengtik koe para dewa jèn Sanghijang Moenget bade minggat, atoeh pada megat pada ngepoeng koe sadaja. Sanghijang Moenget loempat henteu ngalawan, tina emoet jèn sanes bade taroeng djeung saderek, koeriak matak roeksak, mondokkeun lalakon. Angkatna ti Kadewatan Sanghijang Moenget rangkedoeh koe djimat, rnargi sadaja djimat-djimat ti Soeralaja- parantos ragrag ka andjeunna, nja èta: Pasoepati, (1) Kalimoersada, Pantjaroba sareng anoe sanes deui. Koe margi koe para dewa dihaben diparegat dikarepoeng bade dipaksa sina moelih deui ka Soeralaja, nja toengtoengna Sangiang Moenget kaselempek kapegat djalan, teu oeninga ka mana nja piloseun, Tina kaselempekna inggis kaboeroe koe anoe ngepoeng, kabètak beunang kapegat, nja enggal njalindoeng kana djimatna anoe lima roepi tèa, djimat diatjoengkeun koe panangan dianggo panghalang salirana. Los Sanghijang Moenget itjal tina tingalna para dewa, moeng beh ebreh kalangkangna dina lemah, boentelek hideung kawantoe gambar tina sorot srangenge noe kahalangan koe djimat anoe dipake njalindoeng tèa. Para Dewa henteu kebat ngoedagna tina leungiteun lari, kasamaran koe kalangkang. Sanghijang Moenget oeninga sareng ningali jèn pang para dewa teu kebat njoesoelna teh lantaran kasamaran koe anoe boentelek hideung tèa. Soepaja tetep dina kasamaranana, sarta andjeunanna rasa loegina teu aja karingrang teu hariwang koe anoe njoesoel, nja ladjeng baè njandak woedjoed kalangkang tadi basa Dewa kasarnaran tèa, Tah noemawi adeg-pangadegna kitoe, njandak wanda anoe matak samar, tanda dewa eukeur |
- ↑ Redaksi oendjoek noehoen kana pitandangna R. Haroen al Rasid, Djoeragan Wadana di kantoor Adviseur voor Inl. Zaken, réh parantos kersa ngarodjong-rodjong kana njalin perkawis ieu tina basa Walandana.