Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
  1. kětjap-kětjap Sunda anu ku Juragan Sumadinata disebat kětjap anteuran téa; enya-enyana mah éta téh kětjap pagawéan lulugu kénéh, anu ngagambarkeun sipatna pagawéan, sapertos jung nangtung, trét nulis, podonghol bijil, berebet lumpat, sareng sapapadana. Kapan kecap-kecap nu karitu téh teu aya di batur mah; di ayana ogé ngan ukur hiji-dua. Ari di urang mah sadaya kecap pagawéan lulugu baroga sipat.
    Upami anu diajar Basa Sunda teu acan iasaeun éta, teu acan iasa enyaan Basa Sunda.
  2. Ku pitulung rarangkén-rarangkén: Moal ngahaturanan contona, margi sadaya ogé kantenan parantos aruninga, kawantos diajarkeun di sakola. Ngan aya sarupi anu badé diserat contona téh, duméh tara pati kasorang ku unggal anu sakola, nya éta:
    tapok jadi talapok
    kawat jadi karawat
    sareng sajabi ti éta.
  3. Dirajek:
    kuda-kuda, siku-siku, mamata.
  4. Dikantétkeun sareng kecap sanés:
    héjo-botol
  5. Digentos sorana:
    hirup sareng hurip
    neupa sareng nepa
  6. Dipiceun sapotong atanapi diriutkeun:
    ngakutan jadi ngakut
    pasapuan jadi pasapon.
  7. Kecap anu kénging ngahaja baé ngadamel.

III. Basa Kosta

Ieu “Basa Kosta” ka pungkur parantos dicobi-cobi dianggo ku Juragan Ardiwinata dina Papaés Nonoman sareng dina Panungtun Kamajuan. Jisim kuring loba mupakatna batan henteuna kana maké éta kecap dina Basa Sunda.

Éta margina nu mawi ayeuna dipintonkeun di ieu Kongrés, malak mandar para juragan sapuk nganggo éta kecap.

Dina Basa Sunda loba kabina-bina basa kosta, nanging teu kedah ngaraos lingsem, sumawonten hina mah, dumh dina basa urang loba basa kostaan, da basa deungeun ogé nya kitu. Saha-saha anu parantos ningalian Kramer’s Algemeen verklarend Woordenboek, meureun uningan aya sababaraha kecap lobana basa kosta anu aya dina Basa Walanda. Mangkaning neureun loba kénéh anu teu kacatetkeun.

Kapungkur dina seratkabar aya anu nyarioskeun hal kabeungharanana Basa Inggris ku kecap; éta basa-basa anu pangbeunghar-beungharna saalam dunya. Cék éta karangan – basa kostana nu aya dina éta basa, kinten-kinten aya saparapatna.

Sanajan éta karangan upamina henteu leres pisan, nanging parantos jadi katerangan ogé ka urang, yén dina Basa Inggris loba kacida basa kostana.

Naha naon margina nu mawi hiji basa kedah baé kacampuran ku basa kosta?

Anu babaku margina kieu:

  1. Lantaran campur sareng bangsa séjén anu darongkap ka dinya.
  2. Ku margi éta bangsa mulungan élmu ti bangsa séjén; sapertos bangsa urang ngalap élmu ti urang Hindu, Arab, Walanda, sareng salian ti éta.
  3. Ku margi loba barang anyar anu teu aya di urang, didongkapkeun ti bagara deungeun. Nya lolobana mah ngaranna téh sok ngaran kosta baé cadél-cadél ogé.

Sadaya basa kosta kalebet kana basa anyar, nanging aya anu anyar pisan, aya anu parantos puluh-puluh tahun, malah aya anu parantos winduan.

Basa kosta anu parantos winduan ayana di urang, geus sarimbag baé sareng basa pribumi; urang ogé geus teu asa jeung jiga, asa ka basa pituin baé; malah anu tarerangeun yén éta basa anu ngumbara ogé, ngan anu ahli ngulik basa baé, ari urang réa mah teu tarerangeun.

Ayeuna urang perwinci basa kosta anu aya di urang, kumaha asalna nu matak

77