Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/21

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

Rédite, Suma, Anggara, Budha, Réspati, Sukra, jeung Tumpak[1], tapi ku urang Sunda mah teu diaku, malah nu nyahoeun ogé ngan hiji dua bangsa dukun palintangan.

Ayeuna di antara anu tujuh rupa téh mana anu kudu dipiceun?

Naha kudu dipiceun kabéh?

Henteu, sawaréh-waréheun baé, da lain basa Sunda baé anu sok kaasupan basa séjén téh, sagala basa ogé di dunya, sakur nu bogana geus campur atawa kadatangan bangsa séjén mah, geus tangtu baé basana kacampuran.

Komo dina basa Walanda mah sabaraha ratus meureun basa kostana téh. Saha-saha nu geus ningali Kramer’s Algemeen Verklarend Woordenboek, meureun uninga sakumaha lobana vreemde woorden dina basa Walanda. Upama urang maca hiji karangan tuan anu pinter, tangtu puluh-puluh kecap kosta anu kapanggih ku urang. Dina surat dienst anu sakumaha pondokna ogé langka pisan anu beresih basana.

Demi anu kudu dipiceun téh tina basa Sunda, babakuna pisan nu kasebut dina nomer 1. Jaba ti dinya sakur basa nu aya pisundaeunana anu kasebut dina nomer 2 sanajan geus ngalemah ogé kudu ditungtut dipiceunan, digantian ku basa Sunda tulén, anu geus kaluli-luli.

Demi anu jadi basa kosta dina basa Sunda téa asalna beunang nyokot tina sababaraha basa, nya éta:

1. Basa Hindu nya éta Sanskrit jeung Tamil, sabab baheula urang Sunda geus jadi bawahanana urang dinya. Kecap-kecap nu kapaké dina agama atawa kapercayaan jeung dina élmu-élmu, saperti élmu tani, élmu-élmu kalahiran jst., loba pisan nu asalna tina éta basa.

2. Basa tanah Hindia, lolobana basa Jawa jeung Malayu. Geus teu kudu dicaritakeun deui naon sababna anu matak di Sunda loba basa éta, ku sadaya ogé tangtu kamanah, anu matak ku nu ahli basa mah, basa Jawa, Sunda jeung Malayu téh disebutna ogé verwante talen atawa zustertalen. 3. Basa Arab sabab urang Sunda geus maké agama Islam. 4. Basa Pérsi jeung basa Cina, sabab ti baheula loba urang dinya nu ngadon dagang ka urang. 5. Basa Portugis jeung basa Inggris sababna nya kitu kénéh. 6. Basa Walanda, lantaran geus leuwih ti 300 tahun tanah Sunda jadi bawahanana Karajaan Nederland.

Ringkesna. Jisim kuring yakin dina ati, yén sadaya basa di saalam dunya, sakur anu kasebat basa hitrup mah, teu kénging henteu kedah baé gaduh kecap-kecap anyar.

Ari lantaranana nu mawi garaduh kecap anyar, margi a. éta bangsa beuki lami beuki wuwuh kanyahona, pikiranana nambahan, b. campur sareng bangsa séjén, c. ngalap élmu ti deungeun, d. aya barang anyar buatanana, e. aya barang anyar ti nagara deungeun.

Éta kecap-kecap anyar téh aya anu matak tambah reugreug kana basa, aya anu sapertos teki matak keri.

Ari jaradina éta kecap-kecap anyar téh, aya anu jaradi sorangan, tegesna henteu dihaja-haja dipidamel, kauninga-kauninga parantos prah baé diparaké ku sadaya, tur teu aya ngagasrukna kana rasa, sapertos listrik, maskapé, jsb. Aya kecap anu jadi sorangan anu nyentug kana angen, sapertos jalmi, dongkip, jsb.

Kajabi anu jaradi sorangan, aya deui kecap anyar anu dihaja dipidamel, babakuna anggoeun dina élmu-élmu.

Tina hal ngadamelna sareng nganggona kecap-kecap anyar, numutkeun émutan jisim kuring kieu:

79
 
  1. Eta poe asalna basa Sangsrit, oenina: Reditya, Soema, Anggara, Boedha, Wrehaspati, Soekra, djeung Sanestjara. Anoe matak di ditoe aja poe toedjoeh, sabab beunang ngalap tina planet (bentang gede) anoe toedjoeh.
    Demi oerang Soenda makena poe anoe kaseboet dina boekoe-boekoe baheula noeroetkeun boelan bae, nja eta tina tanggal 1-15 diseboet tanggal boelan (Soekla paksja) djeung ti 16-30 pareum boelan (Kresna paksja), saperti: tanggal 1 dina pananggalan boelan diseboet: kasa Sjoekla paksja, tanggal 2 karo Sjoekla paksa dj. s. t.