Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Ieu congres istoening ninggang kana woekoe nitih moestari, mĕnĕr pisan kana mangsana basa oerang kĕdah dibarĕmpagkeun di paragĕman, soepaja soegri anoe harojong mĕdar pamĕndak tina hal Basa Soenda, iasa ngalaksanakeun kahojongna, njatjapkeun kapanasaranana.

Koe emoetan oepami basa oerang sĕring dipidangkeun dina pegĕmpoengan anoe pantĕs kieu, tangtos tereh tambah sawawa, tĕgĕp adĕg pangadĕgna, woewoeh-woewoeh kaloehoenganana.

Eta margina noe mawi djisim koering bingah manggoenoeng-goenoeng, gadoeh pangarĕp-ngarĕp, malak mandar koe ngadamĕl congres basa, kahajang anoe dikandoeng mangtahoen-tahoen, lami-lami tiasa tinĕkan.

Nalika djisim koering nampi sĕrat ti Bĕstir Java-Instituut, anoe ongĕlna moendoet prae-advies tina hal Adĕgna Basa Soenda sarĕng hal Nganggona Kĕtjap-kĕtjap anjar dina basa oerang, keur pedarkeuneun dina ieu Congres, koe djisim koering teu dipikir lami-lami, ladjĕng bae eta pamoendoet disanggĕman, nadjan harita parantos kaĕrong, jen eta padamĕlan teh bangga, oepami djalan mah nja roke nja rĕmbĕt; nanging tina kaemoet agĕng pĕdahna kana ngamadjĕngkeun basa, geus teu ngemoetkeun hesena, papantjen anoe diantjokeun ka djisim koering ladjĕng ditampi bae.

Hese roke diseseket, rĕmbĕt-rĕmpĕd ditaratas.

Same,meh dongkap pamojok, bade waktja ti heula sabalakana, jen ieu pamĕndak anoe baris dipĕdar dina ieu Congres teh, sanes pamĕndak anoe parantos asak kenging ngolahkeun, estoe pamĕndak atah keneh pisan... kakara karasa, olahkeuneun anoe djalĕmbar panalar, saroengsoemeun anoe laloehoer panĕmoena anoe sami soemping kana ieu Congres.

Papantjen anoe dipadjoe koe djisim koering ajeuna, moeng sakadar ngawaratah, anggeuskeuneun noe aranom noe baris ngaroelik Basa Soenda sarĕng Poesaka-Elmoe kasoendaan, adĕgan titinggal karoehoen loeloehoer oerang sarerea, keur agĕman Menak Parahiang pĕpĕntjaran Padjadjaran toeroenan Galoeh Pakoean, anoe toeg dongkap ka kiwari natrat taja kĕndatna.

Moegi-moegi bibit-boeit Siliwangi sami aremoet!

I. ADEGNA BASA SOENDA.

Tjitjiren Adĕgna Basa Soenda aja dina sakoedjoer basa, nanging babakoena pisan aja dina tiloe tĕmpat, nja eta:

a. wanda kĕtjap;
b. rakitan omongan; sarĕng
c. lĕntong

Samemeh prak moeka tjarios hal "Adĕgna Basa Soenda" sarĕng hal "Nganggona Kĕtjap Anjar", djisim koering bade ngawintjikan ratjikanana heula, pambrihna sangkan anoe baris didadarkeun mangke di pajoen tiasa woewoeh tĕrang.

Naon ari basa teh?
Koemaha asal-moeasalna aja basa?
Naon goenana?
Koemaha ngagĕdeanana?

... sarĕng salian ti eta seueur deui pĕrkawis anoe pĕrloe dioelik, pĕdarkeuneun dina pagĕmpoengan ngoeroeskeun basa.

Naon basa teh?

Basa teh "boeboeatan" "beubeunangan" atanapi "widji" anoe bidjil tina pakoemboehan, tĕgĕsna "lahir" tina hiroep patjampoeran. hiroep koemboeh salĕmboer atanapi sanagara, atanapi tina patjorok itoe sarĕng ieu paala kapĕrloean.

Djadi bongkotna basa teh aja dina pakoemboehan; bidjil ngĕdalkeun kahajang atanapi kanjaho.

Saha-saha anoe ngoetjapkeun kĕtjap, eta ngabagikeun kanjaho ka batoer koe tjarita, sangkan batoer tĕrangeun kana kanjaho oerang. Atanapi nembongkeun kahajang, pambrihna soepaja batoer noeloengan mere kahajang oerang.

Koe hal eta pĕrloe pisan basa teh koedoe pikahartoseun koe noe dibantoen tjarios. Beuki gampil kahartosna beuki agĕng goenana kana hiroep koemboeh, da poegoeh tadi oge pang aja basa teh, nja ngarah karĕp oerang kanjahoan koe noe lian, anoe dipentaan toeloeng tea. Djadi oepami basa gampil kahartosna koe noe dibantoen tjarios, eta basa parantos njoemponan kana kapĕrloeanana dina bab economie.

61