Kaca:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

panoendoeng toendoeh, tina asa di kieuna breh miloe gempoengan, miloe soeka miloe seuri, malah tampolana mah kapaksa akej­-akejan sorangan.

Moal boa, ninggang repok Padaringan­ kebek geura djeung anoe ngagaraleuh teh; loeang njangsang lain koe pamaksa deui ongkoh!

2. VOLKSALMANAK SOENDA, taoen 1924, kaloearan Balé Poestaka Weltevreden.
Eusina: Roepa-roepa anoe perloe dika­njahokeun koe oerang, saper­tos: Atoeran perdjalanan dja­maah, anoe rek maroenggah hadji, masakan-masakan; oe­bar-oebaran; atoeran paga­dean, piwoelang piloeangeun; samboengan lajakon Cioeng Wanara. geus poegoeh deui ari boelan tanggal sareng samaktana kabiasaan almenak mah.
Basana: Sahanteuna da ditalingakeun koe saratina, nadjan aja hidji-­hidjieun anoe molos, noe matak ngagetroek moen ngagetroek tea mah, tapi nya teu sakoema­ha, sakitoe mah mokaha bae. Ari koe kitoe tea mah rek aja noe pating galasroek oge nja meureun, dina almenak mah, dihoeloe-hotanana lain hidji tjor ti dieu tjor ti ditoe, aja anoe herang aja anoe sarahan, pan­tes rek teu kasaring kabeh oge, ngan masing tambih imeut bae ka pajoenna, bilih madjar mi­roetjaan.

Tapi . . . . . eusina mah lain loemajan, rea anoe goena geusan obor loemantoeng di taoen pajoen (taoen 1924).

Aki-aki koendang iteuk, mokaha oerang mah moen koendang almenak Bale-poestaka.

3. Manoek hiber koe djangdjangna. Boe­koe kaloearan Bale-poestaka keneh, karangan Rd. Gandaadinagara.
Eusina: Njaritakeun hidji boedak anoe tawekal ti sakola handap tepi ka bisa tamat sakola loehoer, sarta ahirna bisa njekel gawe matjakal. Tjarita Eropa dieun­teupkeun ka Soenda.
Basana: langkoeng ti sakitoe mah kedah koemaha deui.

Ngan . . . . matak handjakal, reh biasana anoe parantos-parantos, boekoe-boe­koe anggitan. Rd. Gandaadinagara teh, sa­linan tina basa Walanda babakoena, teu aja pisan heumna, soeroep merenah ngarareunah, estoe loejoe pisan tina eusi kana basa teh. Geura sapertos koe tjarita Si Remi, kapan saha anoe teu kapintjoet; tja­rita Genoveva sakitoe keunana. Ari ieu . . . . bet soelaja tina rasa, saoer Toean Hekker tea mah kapoengkoer nalika audjeunna djadi goeroe di Kweekschool ngaroedjak sentoel; malah ting galetroek ting galas­roek; eta koe Eropa di ka Malabarkeun, ngeunteupkeun Walanda ka Soenda, teu ninggang pipernaheunnana, soelaja tina adat kabiasaan. Geus bae matak salah sangka madjarkeun teh: „diropea”.

Disoehoenkeun ka sadaja anoe ngaloear­keun boekoe-boekoe, oepami boekoena ho­jong dipedar dina Poestaka-Soenda, soe­pados ngintoen boekoena ka Redaksi P. S. di Salemba 28 Weltevreden.


„Paririmbon”

Asihan-kinasihan sareng djangdjawokan

I

Araning doejoeng Nji Rarakasihan di noesa Tatang; poetra Patih Wirandanoe, nagarana di Padjadjaran; iboena Nji Ambet kasih, nagarana di noesa Tambini. Mi­njak hakim malela tembah ratoe tegoeh goeroeh loeloet dewa asih kinasihan de­neng Allah, sih asih asih Dewi Rajoeng­woelan, poepoetra Indrawoelan, poepoetra Kantjanawoelan; indang asih arep kong­kon marang goeha ganbanesih woelak-wa­lik, asih-asih ka awaking.