Kaca:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Noe njaoeran.
(Noe tadi no. 8).
Dalang.

Kakang ing wong lanang, djaloek toeloeng saledo baè, pikeun naon sia, mèrè kèdjo boboko baè.

Noe njaoeran.
(Sapertos tadi).
Dalang.

Kakang ingwong lanang djaloek toelong sadelo, pikeun naon sia mèrè oejah pi Sin baè.

Noe njaoeran.
(Noe tadi kènèh).
Dalang.

Kakang ingwong lanang djaloek toelong saledo, pikeun naon sia, mèrè oemat pipi baè...

Sareng seueur deui bangsa noe kitoe. Prakna djamdjami salamina dikawihkeun raos pisan.

Atoeranana teu kedah mèrèlè ti no. 1 ka no. 2 sarëng satërasna, ti noe mana ogé kènging baè asal leres, sarëng ning­gang lagoena.


Oerang Badoej.
I.
Moela nagara Badoej[1].

Tjèk tjaritana karoehoen kieu: beuheula djasa eta di nagara Badoej leuweung kosong serta soeni.

Tilok djasa kaambah koe djelema, sabab dina mangsa harita tatjan pati loba djelema.

Tapi ari loeloegoena mah geus ditetepkeuu koe noe Koewasa, Mimiti njieun djelema ogeh.

Ari di Badoej nja eta ti Batara ka hidji, toeroenna ka Batara toedjoeh, nepi ka dalem lima, ladjoe ka kiwari.

Malah di nagara Banten oge harita kosong kenèh ngan kakara aja hidji doea djelema bae noe sakti ngadon tatapa, hanteu tjara kiwari rea samarang djelema.

Bareng keur mangsa mimiti ngislamkeun di tanah Djawa, nja eta di Padjadjaran, tjaritana eta ratoena teu daekeun islam, djeung doeloerna hidji ngaranna Poetjoek Oemoen ngahiang ti nagara Padjadjaran.Ladjoe eta ratoe ngagedog awak; ngadjadikeun roepa manoek bèo, teroes maboer ka awang-awang hajang njiaran tempat anoe soeni.

Beurang peuting henteu kedat-kedat angkatna.

Ladjoe bae ngalajang noongan pitempateun. Ana nepi ka Banten, nja eta ka nagara Tjibadoej tea, manggih leuweung soeni serta batoena rea tarengtong. keusik-keusik araloes; djeung eta leuweung lega djasa.

Tilok aja anoe ngeusian kadjaba satoa berhala leuweung kajaning maoeng, badak, bagong djeung rea-rêa deui, oraj-oraj anoe galede noe laleuutik sapangeusining leuweung.

Di dinja ratoe deuk ngalereb djeung doeloerna anoe ngaran Poetjoek oemoen.

Teu kebel, ana ngalongok ka bèh lebak, aja waloengan gede, tjaina beresih djasa.

Ladjoe diana mandi di dinja.

Ana mandi ratoe leungit djamangna noe roepa beo teh, gilig deul roepa manoesa.

Ladjoe eta tjai dingaranan Tjibèo nepi ka kiwari,

Sanggeusna mandi, ladjoe poelang deui kana tempat noe rea batoe djeung keusik tea.

Di dinja koe ratoe dingaranan Tjikeusik, serta taretep Ratoe djeung doeloerna mabakan.

Mana ngaran Tjikeusik nepi ka kiwari, nja ti mangsa harita tatkala ratoe mabakan.

Ari eta ratoe, tjaritana, toeroenan ti sawarga loka ngaraton di Padjadjanan.

kebe-kebel ratoe teh baranahan pirang­pirang nja mabakan deui dina leuweung beh hilir. dingaranan Tjikerta-wana nepi ka kiwari.

Anoe matak dingaranan kitoe, sabab mimitina rame di dinja nja eta hartina: kerta, rame[2]; wana leuweung. Ti dinja teroes toemoeloej nepi ka kiwari, tapi dina hidji­hidji tempat ngan diwidian opat poeloeh koeren.

Demi paonamanana oerang dinja, lamoen aja satoa galak, maoeng bagong banteng

  1. Kenging njoetat tina panglajang Bat. Gent van Kunsten en Wetenschappen.
    Basana, basa soenda Banten.
  2. Kerta sajaktosna sanes rame, tapi: sepi paling soewoeng roesoeh, pangeusina soeka-senang, titingalan halalègar. (S. d. R.)