jakpak lega, anoe nelah tepi ka kiwari diseboet Sangiang tea.
Si Tjentangbarang harooang bengong ngaheujeukan tjis di sisi talaga, sarta bakating koe bingoeng djeung kadoehoeng, ngan kerewes bae ngegelan awakna datang ka radjet, hos paeh di dinja. Ari tjis oeroet notog Kandjeng Radja tea, toeloej djadi di sisi eta talaga, nja ajeunana djadi hoe talaga anoe katjeloek kamatihanana tea. Katjarioskeun Simbarkantjana barang ngadangoe ramana poepoes koe Ki Tjengtangbarang, kotjeak nangis maratan langit, ngaboedjeng ka padaleman; nanging barang beh karaton geus djadi sitoe, rampoejoek bae salira loengse, heunteu kendat sasambat ka iboe rama. Koe tjarogena dileledjar sangkan paler dikaleng ditjandak moelih ka boemi. Raden Patih tjaroge Simbarkantjana boengangang manah, wireh laksana njapasedjaan, teu lami ladjeng bae ngadeg radja gegentos mertoeana, sarta Ki Tjitrasinga diangkat djadi papatih, ngapalaan para pongawa sadaja. Saparantos ngadeg radja anjar, di nagara Talaga djadi werit rea paling, tina anoe djadi radja teu pisan kersa ngoeroes nagara, ngan woengkoel ngagoegoeloekeun kasoekaan, tjoerak-tjoerak borak-borak, selang-selang oedjoengan ngadoe djelema. Saboeni-boenina noe iri, nja lami-lami mah katoengtik kadengkianana ratoe anjar, Simbarkantjana oeninga, jen pang Si Tjentangbarang boga lakoe kitoe teh, kalawan parentah rakana. Atoeh Simbarkantjana njoengkelit galih, njeri koe doea koe tiloe, ngenes ramana dikaniaja teu toea teu dosa, ngangres ningali pangeusi nagri nepi ka geus sakitoe roeksakna, tjoea ningali taladjak raka. Siang wengi teu kendat ngamanah hajang males pati ka anoe djoelig. Kaleresan dini hidji dinten Kangdjeng Radja moendoet dipoendajan ka garwa, atoeh Simbarkantjana asa mobok manggih gorowong. Barang rakana geus ngagelehe ebog dina pangkonanana, teu tata pasini deui koesiwel andjeunna njaboet patrem koetjiwek bae rakana ditoebles, harita keneh poepoes teu kungsi dipindo. |
Sapoepoesna tjarogena, Simbarkantjana enggal ngahatoeranan Bagawan Garasiang saderek ramana sarta dikoemahaan saha anoe koedoe djadi radja di Talaga. Koe Bagawan Garasiang didawoehkeun jen samemeh Raden Pangloerah loengsoer mah, moelih mentas tatapa tea anoe kedah djadi radja teh nja Simbarkantjana bae heula, sarta harita keneh nimbalan magelaran ngembarkeun jen Simbarkantjana djadi radja di Talaga. Sigeg anoe nembe ngadeg narpati, katjarioskeun Rd. Pangloerah geus djedjeg tapana di Goenoeng Bitoeng, ladjeng loengsoer arek moelih ka nagara. Barang soemping ka hidji pasir niis heula di dinja, noe mawi eta tempat diseboet Paniis tepi ka ajeuna, andjeuna sindang ka hidji saoeng anoe bogana aki-aki djeung nini-nini. Aki-aki oendjoekan ka anoe nembe loengsoer mentas tapa njarioskeun kaajaan di nagara, ditetek ti awit Simbarkantjana kagoengan tjaroge nepi ka karaton djadi talaga. Raden Pangloerah nangis bawaning koe sedih emoet ka iboe ka rama, sarta nimbalan ka aki koedoe oendjoekan ka Kandjeng Ratoe ngoeningakeun jen andjeunna geus medal ti pangtapaan. Barang Simbarkantjana ngadangoe pioendjoek aki, pahiboet nimbalan njajagikeun tandoe djoli samaktana, sarta teu lila broel Ratoe djengkar mapag saderekna. Dina gokna tepang Rd. Pangloerah sareng Simbarkantjana silih rangkoel nangis paoengkoe-oengkoe emoet ka iboe ka rama. Tjisotjana moeroeboet kana batoe moenggah ngoemplang, tepi ka ajeuna aja keneh batoena legok, sarta tjaina anoe njangkroeng di dinja, koe oerang dinja sok diparake oebar. Sasoempingna ka nagara, Raden Pangloerah teu kersa djadi radja, ladjeng bae masrahkeun karadjaan ka raina. Awitna mah Simbarkantjana henteu kersa, tapi tina dipaksa nja teu madjah koemaha, moeng aja tandjakanana jen ti wangkit eta salamina anoe djadi ratoe di Talaga kedah istri. Raden Pangloerah mah teu lami deui di nagara teh, tina teu kiat nandang soeng |
Kaca:Poesaka Soenda 1924-02-2(08).pdf/8
Ieu kaca can diuji baca
120