Kaca:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/9

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

Prak-prakanana pésta kawaloe, kieu:

Dina poéan pésta téa isoek-isoek djelema-djelema koempoel di kampoeng-djero, nja babakoena di balé téa, beunang maraké anoe haradé.

Girang-seurat djeung djelema anoe kapilih, broel ka imah Poeoen, gék darioek di tepas, dek njarieun antjak, saméter pasagi gedéna, koedoe njieun salapan. Tanggangé koedoe anggeus, sok baé antjak téa mah di tepas Poeoen.

Doea djelema anoe mentas digawé koe Girang-seurat dipetakeun kana njapoean djalan, ti imah Poeoen ka balé, koedoe lénang pisan. Saréngséna sasapoe, koempoel deui di imah Poeoen, sarta sanggeus kira-kira sapanjeupahaneun broel Poeoen, Girang-seurat, djeung sakabéh djelema téa ka waloengan, leumpangna ngantaj, pada marawa handjoeang beureum.

Barang geus daratang ka sisi waloengan, prak ngaralaan badjoe njoeplak iket, tjlom handjoeang dikanatjaikeun dipaké ngéprétan sirahna. Loeng handjoeang téh dipalidkeun.

Tidinja kakara ngaralaan samping saréréa, broes marandi, tapi teu meunang geroeh teu meunang haliwoe.

Ti waloengan broel deui ka imah Poeoen, brak bararang dahar di tepas, ti dieu broel saréréa ka balé.

Sabot lalaki keur njieun antjak di imah Poeoen, awéwé-awéwé digawé di imah Girang-seurat, njadiakeun keur sidekah téa.

Sanggeus kadaharan asak, toeloej dibawa ka imah Poeoen dipasrahkeun ka pamadjikan Poeoen, prak ngeusian antjak noe salapan téa.

Anoe saantjak eusina seupaheun (pinang samajang, seureuh 20 beungkeut, apoe 10 boengkoes), ieu antjak disoehoen koe anak Poeoen dibawa ka balé, ditampanan koe G.-seurat, toeloej dibagikeun.