Kaca:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

banding aksara Djawa Koelon sareng aksara anoe di Hindoe-Pajoen téa, engké tangtoe kaoeninga tina bangoenna jén batoe-toelis anoe di Bogor téh aksarana dianggo di Hindoe-Pajoen dina windoe kaopat sareng kalima, da liwat windoe éta mah bangoen aksarana téh geus robah. Djadi nilik tina aksara, oerang bisa mastikeun, jén oerang Hindoe daratangna ka Djawa Koelon, handjatna mapaj waloengan-waloengan madjoe ka girang toeloey boeboeara ngaradon matoeh téh, dina windoe kaopat atawa windoe kalima téa. Sarta oerang bisa ngira jén maranéhanana asal ti Hindoe beulah Kidoel-Wetan.

Waktoe anoe ditjarioskeun bieu téa, diteroesan koe katrangan dina tjatetan hidji oerang nagara Tjina anoe Djenengan Fa Hien, moelih ti Hindoe mentas djarah ngadjadjah karamat-karamat Boeda, anoe moelihna ngaliwat heula ka Se , sarta katambias kapaksa sindang heula ka Djawa-Koelon, lantaran kapalna kataradjang toenggara, dina taoen 414.

Koe Fa hien ditjarioskeun jén oerang Djawa-Koelon téh réa anoe agama Barahma djeung réa anoe teu atjan boga agama, njembah ka kajoe ka watoe (heidenen), tapi teu aja anoe agama Boeda.

Njandak katrangan ti dinja, jeung ti jana batoe-batoe téa, tétéla jén di dieu harita geus aja oerang Hindoe anoe ngajarkeun kabarahmanaan).

Saoempama katrangan Fa Hien koe oerang ditjekel, nja éta tjarita di dieu geus katjampoeran Hindoe, djadi njata jén oerang Hindoe mimitina pisan daratangna ka dieu, téh geus aja windoena béh ditoeeun éta, sabab moal bisa dadak-dadakan ari roepa kaadaban (beschaving) mah, njorokna. Tapi ari pasti mah ieu téh, henteu.

Kadjabi ti toelisan-toelisan, di Djawa Koelon mah teu aja deui patilasan-patilasan Hindoe anoe sanés.

Dina antawis doea tiloe windoe ti harita (ti ngadegna mangsa toelisan téa), teu aja deui tawisna anoe djadi patilasan noe kapendak.

Ajeuna oepama oerang ngotéktak kaajaan windoe ka toedjoeh, nja éta anoe mimiti deui aja katrangan-katrangan dina toelisan-toelisan djeung dina tjarita oetoesan ti Djawa ka nagara Tjina, engké katingali jén kadjembaran téh geus pindah ka Djawa-tengah, sarta teu sabaraha lamina geus ngarégrég deui ka Djawa-wétan, ari Djawa-koelon mah djep baé djempé teu aja deui tjaritana.

Naon éta téh margina? Naha karadjaan djeung kadjembaran Djawa-koelon téh koebra toeloej toempoer baé, atanapi naha daratang deui Hindoe anjar ti nagarana, mararag ngaradon njorok deui ka Djawa-tengah, atawa soegan aja lantaran anoe sanés?

Katrangan anoe pasti, teu aja ngan kaoeninga tilas toemoewoehna élmoe kahindoean di Djawa-tengah langkoeng nerekab langkoeng djembar manan di Djawa-koelon, djeung bisa katangen jén dina windoe ka toedjoeh téa, ngabroel deui boeboehan Hindoe noe anjar ti nagarana.

Toelisan baheula noe pangkolotna di Djawa-tengah mah kapendak ti Tjanggal di Kedoe, titi-mangsana taoen 723 (═ 654 Caka), aksarana tjara aksara Batoe-toelis Bogor nja éta aksara Pallawa téa, ditatah dina batoe. Didinja kaoengel jén lemah tjaina noe kagoengan damel di Koendjarakoendja, nja éta hidji nagara di Hindoe-Pajoen beulah kidoel. Djadi dina batoe-toelis anoe kapendak di Djawa-tengah ogé kaoenggel jén oerang Hindoe anoe kawasa di oerang téh, asal ti Hindoe-Pajoen beulah kidoel téa.

Ari éta oerang Hindoe pang nepi ka bisa ngageugeuh di dieu, djalanna taja lian ngan tina asal dagang babakoena, nja tjara asoepna oerang Islam baé.

Moal boa ari mimitina mah oerang Hindoe djeung pitoein priboemi téh gétréng mindeng taroeng patjéngkadan, tapi biasa noe anjar sok ngabajahkeun, lila-lila njosok djero djati kasilih koe djoenti, priboemi kalindih koe kahindoean. Anoe djadi babakoe lantaranana, pang kahindoean djeung kadjawaan gampang dalitna djadi panglambon, nja éta koe djalan kawin, oerang Hindoe njorok (kawin) djeung awéwé priboemi.

Lain ngan di Djawa bae oerang Hindoe