Kaca:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

koe naon baè, aja koe tjarètjèt aja koe soeroetoe, doepi di Kandang-haoer toekoeh kedah koe dodol sakeureut. Saha-saha anoe nampi dodol, eta tawis diondang, oerang kedah njamboengan.


Baheula.

Oerang njorèang ka toekang, njaba ka alam baheula, mapaj raratan sadjarah djeung babad pamanggih oerang Portegis. Teu ara aja sotèh anoe ngandjang ka pagéto, ari anoe mapaj lampah anoe geus kasorang mah biasa, nadjan di Soenda thu rèa ringkoekna ogè bedja warisan karoehoen, an djalan mah kapan teu tepi ka matak loepoet. Kaajaan tanah Soenda alam baheula, djaman ngadeg karadjaan sorangan, tjanitaanana oerang bisa moepoeri ti oerang Portegis tea.

Kieu kinten-kinten oengelna:

Dina sangka oerang Portegis baheula mah, Soenda djeung Djawa tèh rnisah poelo. Poelo Soenda Ieuwih loba goenoengna tinimbang Djawa. Dina taoen 1511 oerang Portegis geus loma djeung Sang Hijang Radja Soenda, lalangganan dagang hasil boemi. Palaboehanana tanah Soenda tèh aja genep, nja eta: 1. Chiamo (meureun pikarepeunana mah Tjimanoek), 2. Xacatra atawa Caravam (meureun Kalapa maksoedna) 3. Tangaram (Tangerang), 4. Chequide (moal boa Tjikande maksoedna), 5. Pondang (Pontang), 6. Bantam. Nagarana diseboetna Daio (Maroekan ketjap Dajeuh tèh ngaran nagara), rada di djaoeh ti laoet. Waktoe toean Henrique Leme datang ka Dajeuh, eta nagara harita tjatjah djiwana, tjeuk anoe terang, aja 50 rèboe djelema, sarta boga djiwa anoe djadi perdjoerit rèana 100 reboe (honderd duizend man krjjgsvolk), Ngoeranganana perdjoerit djeung djiwana koe lantaran peranig djeiing oerang Arab (Islam).

Tanah Soenda èstoe moerah sandang moerah pangan, soegema hiroepna ngeunah. Djelemana lain anoe telenges kasengsrem koe hajang perang, tapi sadrah soemerah kana kawasana Dewa, soemoedjoed ka sesembahanana, miboga, tjandi djeung artja. Oerang Soenda njatroe ngamoesoeh ka bangsa Arab, soemawonna sanggeus kapaksa koedoe taloek ka Pangue de Pate de Dama (Kawasna baè mak­soedna rèk njeboet Sang Adi Pati Demak) mah. Harita ilahar kènèh dagang (djoeal meuli djelema, malah dina oendang-oendangna diwenangkeun bapa ngadjoeal anak. Awèwèna oerang Soenda tèh gareulis, komo bangsa istni-istni toeroenan mènakna mah, eukeur gareulis tèh toeroeg-toeroeg djeung balersèkan deui. Ha-rita di dajeuh Soenda geus aja Biara (Kloosters voor vrouwen). Nja eta minangka pondok pasantren anoe ngawoengkoel pikeun awèwè anoe soemoedjoed kana agama. Di Biara teh katingalna dipakè ngome kageulisan deui, djeung ongkoh djadi kahormatan, lain woengkoel toemoet kana papagon agama baè. Poetra-poetra. mènak anoe istri, lamoen henteu kersa ditikahkeun, nja lebet ka Biara tea deui. Oempama aja istri anoe ditilar poepoes koe tjarogè, rea anoe bela pati miloe sareng poepoes na rakana, eta djadi kahormatan gedè pisan, Anoe gimir koe pati, oepama ditinggal koe tjaroge tèh, tinimbang rarandaan di loear mah, nja lalebet ka Biara tea.

Lalakina raresep kana ngome djeung marakè pakarang anoe araloes, djadi kagindingan, djadi kamegahan.

Dina taoen 1522 Coepernoer Malaka, toean Jorge d’Alhoquenque geus ngoetoes toean Henrique Leme njanggakeun pangbakti roepi-roepi barang ka Radja Soenda, anoe djenengan Samiam (an maroekanna Sang Hijang teh djenengan, meureun).


Aja samboenganana