Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Piwoelang ka poetra sarĕng ka poetri, ka prijaji ka perdjoerit, hal perenahna itoe ka ieu, sareng koemaha perenahna ka Nagara sareng ka Radja, eta pĕrkawis sadajana aja dina Piwoelang. Dina bab „Wirowijoto” disēbatkeun, jen anoe djadi pĕrdjoerit teh salamina kĕdah emoet kana kawadjiban, kĕdah ngagoengkeun kaloehoeran, sabab saoerna: moen koetjiwa mawa tjoea ka salira (jen koetjiwo weh haloen halaning rogo). Dina bab eta keneh aja piwoelang kieu: „Masing aringĕt, mantĕping ati lain ngan koedoe ka Pangeran bae, tapi kana sagala panggawe anoe moelja oge koedoe mantep sarta temen”.

Dina boekoe Sioeti (?) aja lahiranana kieu: pĕrdjoerit anoe tatapa di poentjak Goenoeng Wadja, martabatna leuwih loehoer manan pandita noe tatapa di goenoeng biasa. Djĕlĕma anoe keur oelĕng kana perkara kitoe, oelah arek mikir² kana pati, sebab tiitiingna pati aja dina panangan Goesti, henteu kawisesa koe manoesa. Dimana geus tjoendoek waktoe, ana geus nĕpi ka mangsana adjal, tara milih lantaran. Pati anoe dikorbankeun pikeun ngadjoengdjoeng kaloehoeran toeroehan, saperti pati Ardjoena anoe dipake bela kana kaloehoeran Pendawa, eta leuwih oetama manan paeh bangkar ngahekok di ĕnggon”.

Dina bab „Najokoworo”, hartosna piwoelang ka noe djaradi kapala, aja piwoeroek kieu:

„Para kapala, anoe kapapantjenan ngoeroes abdi², koedoe bisa ngadjaga tata tĕngtrĕm nagara. Tjangreud dina ati, jen eta pĕrkara djadi tanggoengan maraneh. Koedoe daek miwoeroek mitoetoer, sangkan abdi² pada ngalarti hai goenana digawe, mangpaatna boga ingon², kapērloeanana boga tanah, sabab nja eta tatali noe njantelkeun ati abdi-abdi ka imah tanggana djeung ka oempina”.

Estoe matak rĕsĕp oepami maos piwoelang Andjeunna keur ka noe parantos koerĕnan (soemawontĕn istri²); ari ajana dina Darmolaksito; anoe pakeun ka pamĕgĕt anoe djaradi pĕrdjoerit, ajana dina Tripomo.

Dina Tripomo tetela tembong, jen noemoetkeun pamendak perang Djawa lesot tina oegeran pantjadria teh kenging dioedag koe manoesa, Anoe didamel tjonto kasetiaan sareng toehoe kana kawadjiban Satria aja tiloe, nja eta Soewandageni, Karna sareng Oembakarna. Sanadjan lalakonna bentĕn², nanging katembong njatjas, tiloeanana kasinoengan watek Sutria sadjati.

Eta djadi toeladan ka oerang, jen roepi² kadjadian lahir, ngan oekoer djadi lantaran mantjala-poetra mantjala-poetrina ati (geest), sarta djadi pepeling ka oerang, jen kadjadian lahir anoe mangroepi-roepi, tenraka kana ati sok saroen.

Tah nja eta anoe koe oerang kĕdah dioedag teh, da moeng eta anoe awet adjina Pĕrkawis ieu dipedar dina boekoe Wedotomo. Roepa² lampah anoe tiasa djadi djalan „Noenggalna Goest djeung Kawoela” koe andjeunna didadar. Dina poepoeh Poe tjoeng, pada anoe mimiti, koe Andjeunna ditĕrangkeun, jen elmoe teh kakara tiasa boekti, nepami diamalkeun nepi ka „kèrem", tegesna dipoehit nepi ka loeket ngahidji salira djeung adji. Doepi wawatonna: mimitina kĕdah tiasa ngadalian napsoe heula, tidinja dibaroeng koe tjengeng.

Dina poepoeh Gamboeh, pada anoe mimiti, Andjeunna nĕrangkeun hal tjatoer sembah, hartosna „sembah opat panta”, nja eta: sĕmbah raga, sĕmbah tjipta, sĕmbah djiwa, sĕmbah rasa. Sĕmbah anoe tiloe panta ti handap, kenging dianggap aja dina oedagan, sarta kedah dilampahkeun kalawan tjengeng. Hal sembah panta pangloehoerna, sembah rasa koe Andjeunna henteu diterangkeun. Koe panginten bae lebah dinja kantoen roemasa „Noenggal djeung Goesti”.

Djisim koering hajang njarioskeun hal sembah noe katiloe saeutik, nja eta sembah-djiwa, anoe dianggap tempat ngarandegna oedagan; hartosna dimana parantos andjog ka dinja, oedagan teh toeloej ngarandeg. Sampoerna sareng poengkasanana eta sembah tjitjing dina: tan kendat mandeng sarta eling ka „Noe Langgeng”.

Nanging dipepelingan: poma² masing waspada, reh di dinja enggon pangarep

48