Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Mas Soerjakoesoemo, koe Kangdjeng Soenan Pokoeboewono ka II (anoe ngasta karadjaan ti taoen 1726 d.k. 1749, ngagentos ramana anoe djenengan Soenan Mangkoerat ka IV tèa).

Nalika di Djawa Tengah aja hoeroe-hara dina tengah-tengah windoe ka 18. Radèn Mas Soeriokoesoemo lolos ngantoenkeun Kartasoera, ngahidji sareng Soenan Koening, anoe harita noedjoe merangan Soenan Pakoeboewono ka II, dina mangsa anoe biasa diseboet alam perang Tiina-Djawa tèa (1740 — 1743).

Teu lami Soenan Koening iasana ngalindih Kartasoera, nja kadjabel deui koe Kangdjeng Soenan, sarta Soenan Koening sabaladna moendoer ka Randoelawang di wewengkon Mataram.

Radèn Mas Soeriokoesoemo koe Soenan Koening didjoengdjoeng didamel sènapati (leger aanvoerder) sarta djenenganana digentos Pangèran Prangwadono, hartosna kapala perang (krijgsoverste).

Nanging Pangeran Prangwadono henteu lami ngahidjina sareng Soenan Koening, ladjeng misah, nja èta nalika Soenan Koening madjeng ka latar Wetan; ari Pangèran Prangwadono mah sabaladna ngaboedjeng ka Sokawati, sarta di dieu andjeunna koe sadaja anoe biloek ka salirana didjoengdjoeng di damel Radja, anoe djoedjoeloekna: Pangèran Adipati Anom Amengkoenagoro Sènopati ing ngalogo Soedibjaningprang, ngaraton di Modjoroto. Henteu lami kapaksa kedah ngantoenkeun deui Modjoroto, lantaran diroeroeg koe Pangèran Mangkoeboemi kalawan dawoehan Kangdjeng Sinoehoen. Nja Pangèran Prangwadono moendoer ka Segawè (Matesih). Sanadjan andjeunna dibibita sareng diwoedjoek koe K. Sinoehoen, tapi teu gedag kaanginan tetep baris teroes ngalawan. Djelema djelema anoe biloek ka andjeunna tambih tambih baè, nja kitoe deui pangawasana tambah djembar, nepi ka nalika keur kaleresan masanggrahan di Panambangan (Ngloroh) djorodjoj kagoengan èmoetan hojong oendak gelaran woewoeh kaagoengan, nja ladjeng nganggo djoedjoeloek Soeltan Adiprakoso Sènopati njajoedo Lelono Djojomiseso Prawiro Adiningrat.

Tapi nganggona djoedjoeloek kitoe tèh henteu lami, ladjeng digentos deui koe djenengan Pangèran Adipati Mangkoenagoro. Ari ieu djenengan tèh nampi ti Pangèran Adipati Mangkoeboemi tea, sadèrèk Kangdjeng Soenan Pakoeboewono ka II nalika arandjeunna sasarengan dina peperangan Djawa anoe ka tiloe (1746 — 1755) sarta harita kantos didamel djadi pepatihna Doepi pangeran Adipati Mangkoe boemi, nja èta anoe engkèna djoemeneng Soeltan di Djogdja, djoedjoeloek Soeltan Hamangloeboewono ka I. Dina waktos andjeunna masrahkeun salira ka Sinoehoen ping 17 Maart 1757, tetep ngagem djenengan sareng gelaran ramana.

Tah kitoe oengelna noemoetkeun babad Djawa, toetoeran Mangkoenagara. (1) Noemoetkeun seseratan anoe ditjepeng koe Pamaréntah Agoeng, anoe titi-mangsana 5 Juni 1753 (kaoengel dina boekoe karangan toean Louw, Peperangan Djawa ka tiloe kalina, katja 76), kaoeninga jèn nalika Soenan Koening aja di Bandoelawang, parantos maparin djenengan Sareng gelaran ka R. M. Said, sanès Pangèran Prangwadono, nanging sapertos djenengan ramana, nja èta Pangèran Ario Mangkoenagoro.

Doepi ieu soelajana katrangan perkawis djenengan anoe pipaparinkeun ka andjeunna, moal boa lantaran R. M. Said tèh ngagemna djenengan Prangwadono henteu lami, nepi ka bangsa Eropa mah dina nalika harita teu pati atanapi sama sekali teu aroeningaeun, ari katoeroeg-toeroeg dina mangsana èta katrangan didamel, R. M. Said tèh djenenganana parantos kakontjara Mangkoenagoro.


¹) Babad Panambangan, kaloearan Balè-Poes No. 393 taoen 1918, katja 24, 52, 59, 67, 81, 122, sareng 171. Dirja diterangkeun jèn djenengan Said tèh sanès asal tina basa Arab: Sa'id, anoe hartosna salamet, anoe ajeuna masih keneh dipakè ngaran, tapi ieu mah asalna tina ketjap Arab; Sjahid, hartosna: saksi; margi nalika dibabarkeunana kasaksi koe K. Soenam, anoe maparin èta djenengan. Ramana nalika diwartosen jèn poetra rèk medal kaleresan keur ngadeubeusan di karaton, Saparantos wiloedjeng poetrana dibabarkoun, ènggal ngadeuhens deui ka karaton, oendjoek oeninga ka Sinoehoen jèn kagoengan poetra pameget.

53