Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kana poetra Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro ka VI anoe padamelanana harita kana Djoeroe basa di Solo. Doeanana arangkatna ka nagara Walanda teh, lantaran harojong ngadjembarkeun kaoeningana, horojong tingali koe andjeun koemaha kaajaan tanah sareng oerang Eropa di nagarana, babakoena nja hojong taringali nagara Walanda. Doepi R. M. A. Soeriasoeparto mah djabi ti kitoe teh sareng bade nambihan èlmoe baris ladjeng diadjar noemoetkeun tjara tjara prak prakan kaèropaankeun, anoe badè dioelik perkawis basa basa Hindia, bababakoena basa Djawa.

Ari èta R. M. A. Soeriosoeparto tèh nonoman anoe gedé topèkna kana diadjar. nadjan andjeunna ngan oekoer kaloearan sakola handap tapi kaoeningana tina perkawis kaajaan tanah Hindia lain looemajan, meh teu aja kapètolanana.

Dina salami oesoem Zomer (moesim panas) andjeunna ngadjrekna di den Haag, sarta engke dimana ganti moesim bakal ngalih ka Leiden, bakal teroes matoeh di dinja rèh badè ngiring diadjar di Universiteit, soepados tiasa ngoelik elmoe elmoe kaperloean Bestuur Ambtenaar, sareng dibaroeng koe ngoelik basa Djawa sareng basa Sangskrit, nja eta anoe djadi keperloean dina padamelanana djadi djoeroe basa tèa.

Koe margi harita di Leiden teu atjan rèa student oerang Hindia, koering sering pisan dongkap ka andjeunna di Achelpenkade. Andjeunna pangandjrekanana sakoemboeh sareng R. M. Soemitro poetra Kangjeng Dalem Bandjarnegara, anoe ajeuna njepeng damel djadi Commissaris Poelisi klas I di Bandoeng, sareng R. M. Notosworo anoe ajeuna djadi Gewestelijke Arts di Banjoewangi.

Koe margi sering silih andjangan sareng sering patepang tèa sareng R. M. A. Soerio soeparto, koering tiasa nangènan, jèn andjeunna tèh, lain ngan pedah pinter réa kaoeninga seukeut woengkoel hormateunana tèh, èta koe djeung aloes adatna, goembira, anggang tina ngarasoela, teger tara gantjang gedag kaanginan.

Dina oesoem tiris sering pisan ari koering keur ngarioeng di kamana tèh dipangmaoskeun atawa ditjariosan pasal-pasal tina boekoe „Tjentini” nja èta boekoe anoe ngandoeng èlmoe Kadjawaan, anoe djadi djedjer lalakonna Amongrogo.

Saparantos koering loma enja sareng andjeunna, nembè koering terang leres, naon margina noe mawi andjeunna sakitoe kapati-patina koe èta boekoe, sareng Amongrogo anoe koe andjeunna didamel goeroe.

Eta boekoe pang didamel ageman sakitoe digoelang gapèrna, rèh tiasa djadi obor sareng djadi pangbeberah pangleledjar dina nalika andjeunna kataradjang kabalangsakan, kasangsara teu kagoengan damel, ngoelintjer di tanah Djawa ngilari padamelan, diiring koe rèntjangna saoerang, sering angkat njatat atawa toenggang karèta api kelas III, ngarereh di sakasampeurna. Nja eusi Tjen tina, toeladan Ki Amongrogo anoe negerkeun kana manahna, sarta djadi pangdjoeroeng kana djoedjoerna lakoe, teu kandeg pegat di djalan, doegi ka toemindak di kamoeljaan.

Dina nalika èta, noedjoe kènging tjotjoba èstoe aja dina kalaraan, ngarandapan sangsara anoe bèh ditoeeun sangsara.

Naon margina noe mawi dongkap ka kitoe?

Nalika andjeunna moerangkalih kènèh sanggeus ramana, nja èta K. Preboe Mangkoe Negoro ka V poepoes, ladjeng dirorok koe sadèrèk ramana, anoe ngagentos kaprabon djoemeneng Mangkoe Negara ka VI.

Ti moemoerangkalihna kènèh andjeunna tèh geus kaantjikan kahojong kana liar ti Solo, kadjoeroeng koe sipat djanglar perbawa lampar, manah salamina motèkar, henteu betah ngahenang ngahening nadjan aja di lobet karaton.

Koe margi èta saparantos medal ti sakola, ladjeng moendoet widi ka kapi ramana tèa, baris ngantoenkeun dajeuh bali geusanna ngadjadi, hojong diadjar matjakal ngilari pangoepa djiwa koe audjeun. Nadjan noemoetkeun kabiasaan harita di Djawa moenggoeh dina martabat

37