Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

andjeunna teu kedah aja deui damel djaba ti ngan koedoe senang, nanging teu dianggo owel, ladjeng baè angkat ngantoenkeun Solo, tina gedèna wawanèn, nadjan harita mah kawasna kadjoeroeng koe kamoerangkalihan.

Koe R. M. Soeriasoeparto tjoel baè dikantoen saniskanten anoe bakal djadi djalan kana pangkat kapangagoengan, tjadangan poetra-poetra radja atawa toeroenan radja tèh, andjeunna mah anggoer angkat saparan-paran teu poegoeh anoe didjoeg-djoeg, ngambangkeun kersa, kadar noe bakal toemiba kana salira.

Teu lami andjeunna ladjeng ngamagang di hidji Boepati di basisir Kaler tanah Djawa. Nja ti harita andjeunna nembè oeninga di „damel” ngaoelaan doenoengan anoe keras getol djeung tjepet bener.

Tadi anoe kasorang koe andjeunna katoemaninahan senang teu aja karingrang, nanging ajeuna èta dikantoen, kedah ngambah noe repet tarèngtong pinoeh koe batoe, roengseb pinoeh koe tjoetjoek sarta komo ari kabèhditoeeunana deui mah, baris langkoeng goerawes langkoeng rèa anoe djadi wagelanana.

Nanging sadjeroning andjeunna njepeng damel sanadjan poetra radja, toeroenan pangagoeng loehoer, teu pisan dianggo kamegahan, teu aja pisan ngabèdakeunana salira ti anoe rèa, nja kitoe deui ka doenoengan, nja sakoemaha koedoena anoe koemawoela baè.

Kaabotan anoe djadi tanggoengan karaos koe andjeunna, gadjih teu kènging dibèbèr-bèbèr, padamelan tambah meuweuh koe doenoengan dipoeoek koe haok.

Sakitoe deui teu welèh prihatin teu tinggal ti katawekalan. Tina gadjih anoe teu rèa tèa sapalih dipaksakeun ditjandak keur waragad diadjar nambihan pangarti. Iasa naèk-naèk kapangkatanana, dongkap ka djadi Mantri Kaboepatèn. Nanging tina Mantri Kaboepaten, lantaran pakè trok nepi ka moendoet lirèn, badè ngilari deui padamelan sanès.

Ti dieu awitna andjeunna njorang toenggara manah anoe banget, lantaran roepi-roepi kasangsaraan, ider-ideran ngilari damel, Tampolana dongkap ka teu kagoengan keur salin, panganggo moeng anoe raket dina salira. Nanging nadjan ngagilintjing aja dina kalaraan, teu pisan petot ihtiar. Ari anoe djadi pangleledjar manah, taja lian ngan ngaos boekoe Tjantini tèa, anoe eusina karaos matak djadi pangreugreug galih, sareng Amongrogo noe ngadjoe roeng lakoe, nepi ka teu roeboeh koe pakè weuh, tawekal mapaj djalan ihtiar tea.

Nanging saniskanten ogè kedah aja toengtoengan, lara bagdja tara lana, nja kitoe deui kasangsaraan R. M. A. Soerio soeparto bakal kasilih koe marga lantaran anoe brasna kana kamoeljaan, bakal linggih dina poepoetjoeking kaagoengan.

Kaleresan aja lowongan Djoeroe-basa di Soerakarta. R. M. A. Soeriasosparto babalagondjangan ngiring ngalamar èta kapangkatan. Rèa anoe kaget ningali di antara bèrèndèlan anoe ngalalamar èta padamelan tèh, bet njelap aja Djenengan andjeunna, tina katerang anoe lian mah, teu aja deui ngan R. M. A. Soeriosoeparto tèh oeroet Mantri Kaboepatèn, henteu aja katjaritakeunana meunang pangadjaran loehoer.

Nanging èta kapangkatan tiasa ragrag kana pananganana, nja èta lantaran koe toean van Wijk anoe harita djadi Resedèn di Solo, saparantos djongok sareng andjeunna, kaoeninga jen èta anoe diadjak tjarios tèh sanès djelema loemajan.

Barang dek djadi Djoeroe-basa oedjoeg-oedjoeg kaanggo baè koe noe ti loehoer. Saparantos njepeng èta padamelan andjeunna iasa ngalaksanakeun pamaksoedan anoe parantos lami dikandoeng dina kalboena, nja èta hojong angkat ka Eropa, ngoelik èlmoe di nagara Walanda, geusan nambahan kaoeningana, tina roemaos ngan oekoer kaloearan sakola handap anoe rèa pisan kakiranganana.

Saparantos kawidian verlof nja Djengkar ka Eropa sasarengan sareng Pangeran Hangabehi tèa.

Di nagara Walanda R. M. A. Soeriosoeparto ngandjrek di Leiden, ngiring kana diadjar perkawis Oostersche Letteren. Selang-selang tina ngoelik pangadjaran,

38