tingkat-tingkat basa atawa unggah-ungguh.Ayana kawajiban ngagunakeun basa lemes (krama) ti pihak nu statusna rendah ka nu statusna luhur atawa ti pama- jikan ka salaki, tur ayana wewenang ngagunakeun basa ngoko ti nu statusna luhur ka nu rendah, kalawan eces nembrakkeun ideologi feodal nu teu bisa dilesotkeun tina mekanisme jeung praktek ngawasa jeung nindes (control and exploitation)."Conto-conto ngeunaan layeutna basa jeung ideologi masarakat atawa kelas masarakat nu nyangking kakawasaan henteu hese neanganana.
Ari basa nasional kumaha? Tadi geus diterangkeun yen basa nasional bangsa- bangsa Éropa lahir jeung tumuwuh jeung nagara-nagara nasional. Ideologi nu jadi pangdeudeul basa-basa nasional taya lian ti ideologi kaum sodagar. Sipat analitis, logis jeung lugas (zakelijk, businesslike) mangrupa ciri-ciri basa sodagar. Eta ciri-ciri teh kacida saluyuna jeung aspirasi kaum sodagar atawa burjuasi pikeun miboga basa nu efisien dina ngalaksanakeun dagang jeung ngokolakeun industri. Efisiensi komunikasi ngabalukarkeun basa jadi impersonal (teu pribadi), denotatif (nyingkahan perasaan, suasana, asosiasi-asosiasi) , di sagigireun analitis, logis jeung lugas. Sifat-sifatna nu saperti kitu teh beuki kuat ku tumuwuhna pangaweruh il- miah jeung teknologi. Bakal jentre deuih yen basa nasional mah henteu malire kana status boh nu nyarita boh nu diajak nyarita; apan tadi oge disebutkeun, yen basa teh kudu mangrupa alat komunikasi nu efisien. Perasaan, suasana, situasi, asosiasi-asosiasi, status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, teu penting.
Ku teu ngabeda-bedakeun status, naha basa nasional bebas tina mekanisme jeung praktek pangawasaan jeung penindesan? Jawabna: henteu. kieologi na- sional burjuasi sacara implisit nembongkeun aspirasi kontrol jeung eksploitasi dina milih jeung ngagunakeun kecap-kecap. Kecap feodal, agraris, kadaerahan nu netral dina sawala ilmiah, dina ragam basa sapopoe digunakeun sacara pejoratif (ngahina). Urang Eropa nu terpelajar bakal sedih atawa era upama disebut pro- vincial (kampungan). Sabalikna kecap entrepreneur atawa manager, industri, metropolitan jsb. miboga pamor. Sikep nu nekenkeun pentingna kalungguhan basa salaku alat komunikasi nu efisien oge ngandung harti nindes, nya eta kana aspek basa salaku alat ekspresi-diri, ekspresi-situasi jeung suasana. Mekanisme jeung praktek ngawasa jeung nindes nu pangnonjolna dina basa nasional-burjuasi pangpangna tembong dina basa iklan jeung propaganda. Kalawan ngagunakan pseudologika atawa ngalakukeun manipulasi-pikiran ka nu maca, pausahaan atawa lembaga kakawasaan ngalaksanakeun kontro! jeung eksploitasi.
Basa Indonesia, salaku basa nasional tanwande moal bebas tina tendensi- tendensi nu disebut di luhur. Komo deui upama urang sadar, yen proses bur- juasi jeung kapitalisasi kahirupan kacida hangkeutna.
Feodal, nasional, komunal jeung filial
Sanajan undak-usuk dina basa Sunda inangrupa pangaruh tina unggah-ungguh basa Jawa nu sipatna feodal, dina digunakeunana dina basa Sunda undak-usuk teh teu sarua jeung unggah-ungguh Jawa. Upamana bae, posisi kromo-ngoko nu asimetris jeung teu adil dina basa Jawa — upamana, nu statusna luhur boga
.31