Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Toffler, justru demokrasi abad XXI bakal mangrupa demokrasi nu sipatna leuwih deukeut ka demokrasi masarakat komunal ti batan ka masarakat massal. Jadi, soalna nyeuweu dina linguistic-engineering, dina ngararancarig pangwangunan basa jeung ngokolakeun basa (Sunda) nepi ka luyu jeung masarakat demokratis tea.

Ana kitu, atuh bakal beuki loba bae barudak ngora nu sarieuneun ku basa Sun- da, nu nganggap basa Sunda hese tur milih basa Indonesia. Apan alesan nu ngadorong ngabasajankeun basa Sunda nepi ka ngadeukeutan sipat basa In- donesia nu tanpa undak-usuk teh lantaran loba barudak nu sarieuneun ku basa Sunda.

Pikiran kawas di luhur bisa dima'lum. Sanajan kitu, upama barudak ayeuna sieun ku basa Sunda lantaran hese, lain basa Sundana nu salah. Nu salah nya eta sajarah urang, nu ngabalukarkeun ruksakna pranata-pranata nu nyangga huripna basa, di antarana pranata pendidikan basa di sakola-sakola. Upamana urang bisa nyalahkeun basa Sunda, atuh urang Inggris oge bisa nyalahkeun basana tur usul supaya tenses jeung conditional dileungitkeun bae; pon kitu deui urang Jerman nu bakal usul ngaleungitkeun kasus-kasus, urang Perancis ngaleungikeun feminin-masculin dina kecap barang jeung gawe. Tapi, apan maranehna mah teu ngayakeun usul ngabasajankeun jeung ngaleungitkeun ”kecanggihan” (refine- ment) basana. Sababna, najan ngalaman perang kawas urang (Sunda) pranata- pranata pendidikan maranehanana mah teu ruksak kawas di urang. Jadi, soalna balik deui kana linguistic-engineering, kaasup nyusun bahan jeung metoda panga- jaran basa Sunda nu seukeut dina neuteup ka hareup, jembar dina nyawang ka tukang.

Cag! ***

33