Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

15% ti sakumna urang Indonesia, nya eta 146.775.000 jiwa (Biro Pusat Statistik, seri S, No. 2, 1983, anu dicatet oge ku Kongres Bahasa Indonesia IV, 1985: 19).

Basa gelarna ka dunya sarua jeung manusa, Hukum alam oge milu ilubiung nangtukeun, lahir, mekar, jeung sirna. Geura titenan! Untung teu terang saha "penutur asli” basa Sangsakerta, iraha ieu basa teh gubragna ka dunya, jeung saha anu ngelehkeunana nepi ka Sangsakerta palastra? Atuh ayeuna mah kari percaya kana elmuna bae, yen Sangsakerta teh ngabogaan aturan-aturan anu geus matok, ieu kaasup basa sampurna. Nya kitu deui nasib kecap-kecap anu aya dina hiji basa, aya nu lahir ku lantaran perang, contona bae; Malvinas (di basa Indonesia jadi singkatan tina "malu-malu tapi ganas”; dina basa Sunda jadi ngaran kadaharan), atawa negosiasi (dina basa Indonesia). Ku lantaran pangaruhna ejahan, muncul wangun-wangun saperti: "punk lienk tina pangling tonk he tooth tina 'tong hitut' atawa tonk he love tina "tong hilap'. Hal-hal anu sarupa kieu kedah dikumahakeun? Rek disebut ngaruksak ekologi basa? atawa tanda yen ayana gengsi sosial ku lantaran ”sentuh bahasa”, nuduhkeun yen nu make ieu basa teh geus dialajar basa deungeun, atawa paling henteu geus ngambeu, ngan salah kokocoran (F. Djajasudarma, 1983: ”Ekologi Bahasa” dina Seminar Akademik Mahasiswa Fak. Sastra Unpad).

Urang peryogi sawala dina danget ieu pisan pikeun ngemutan kumaha carana supaya barudak aya sumanget, daria, jeung reueus.dina dialajar basa Sunda. Atawa supaya maranehanana bisa make basa Sunda nu alus tur hade, merenah kekecapanana jeung jeung pok-pokanana. Lamun geus bisa make basa Sunda anu hade tur merenah, geus tangtu dina make basa Indonesiana oge bakal hade, sabab terang wates-watesna, atawa palebah-palebahna mana basa Sunda, mana basa Indonesia, Ti ayeuna kedah parantos diemutan nyusun tata bahasa Sunda ”baku”, ulah cekap ku nu parantos aya (kayaning: Ardiwinata, J. Kats & M Soeriadiradja, Momon & Buldan, Djajasudarma & Idat A, jst). Buku-buku anu kasebut di luhur tiasa dianggo ngawahan, bahan sawalakeuneun dina nyusun tatabasa Sunda "baku”. Urang ulah rek sugema ku nu geus aya dina palebah dieu mah, sabab elmu basa teh mekar terus, nyaruaan teknologi, ulah rek tinggaleun jaman. Disebutkeun perelu disusun tatabasa ”baku” basa Sunda, sabab basa Sunda masih keneh komunikatif, sakurang-kurangna pikeun 22.110.000 jiwa urang Indonesia. ***

45