dipake pikeun ngajarkeun idiom, sabab salah sahiji kabeungharan basa Sunda teh nya dina idiomna; tur eta idiom teh baris ngagambarkeun jengglengan kabudayaan Sunda jeung akar pananjeuranana.
Perlu diterangkeun yen anu dipimaksud ku idiom teh nya eta kaasup paribasa deuih.
Pentingna paribasa dina unggal basa, sigana henteu kudu diterangkeun deui, ku kituna leuwih ti merenah lamun asup kana bahan pangajaran teh.
Sakali deui, di dieu kuring rek negeskeun anu kungsi diajukeun dina makalah kuring tea, nya eta: pikeun eta teh perelu hiji kaputusan politik, dina palebah dieu politik basa Sunda, cara baheula pamarentah kolonial Walanda mutuskeun basa Sunda anu make undak-usuk anu baris diajarkeun di sakola-sakola teh, nyaeta basa anu dipake jeung dimekarkeun di kalangan kaom menak anu jadi agen kakawasaan kolonial, lain basa rahayat murba.
Pikeun nepi kana eta putusan politik basa, perelu aya kasadaran jeung kayakinan yen:
(1) Urang Sunda nu hirup di lingkungan Republik Indonesia teh enyaan rek nanjeurkeun demokratis luyu jeung Pancasila (UUD 1945);
(2) Basa Sunda anu make undak-usuk basa teh jijieunan jeung titinggal pangajaran feodal-kolonial anu henteu luyu jeung asas demokrasi;
(3) Modifikasi undak-usuk dina buku-buku pangajaran basa Sunda nu ayeuna aya, saenyana henteu ngarobah dasar-dasarna anu nganggap ayana panta-panta di jero pakumbuhan Sunda (feodalistis); sanajan make alesan pikeun silih hormat jeung silih ajenan;
(4) Basa Sunda anu pinuh ku undak-usuk jadi panghalang sabagian urang Sunda anu rek nyarita atawa nulis dina basa Sunda; tur jadi panghalang basa Sunda pikeun jadi basa elmu (nya eta basa anu bisa dipake ngabahas rupa-rupa elmu modern).
Cag!