tangan, sarta sa anak incu kudu dibawa, tuluy ayah ngajangjian ka anak-anakna jeung ka incu-incuna sarta kudu pada kikiriman.
Carek ayah, "Barudak isuk urang arindit ka lembur Nangkod, engke sore bebeja ka juragan lurah."
Carek incuna, "Embah naha indit teuing sarerea saha anu tunggu lembur, atuh lamun ka idinan mah kuring bae di dieu.'
Ayah: "Keun bae nu tunggu mah urang muruhkeun, ari nu matak kudu sarerea, ka hayang sobat aing kudu indit sirib."
36KANDEL KULIT BEUNGEUT
Hartina = teu boga ka era.
Si Bajal mindeng dicarekan ku uana, dosana lanum nenjo totopong weuteuh atawa talana uana, tara diinjeum deui, tuluy dipake bae, di mana geus leuseuh kakara dipulangkeun, sumawonna ari kana dadahareun mah hancengan uana tara dipenta deui, tuluy dihakan bae, ku sabab kitu uana sok mindeng nyarekan.
Hiji poe Si Bajal, dicarekan bari dilarang ulah sok datang ka imah uana, sabab teu resep kana adatna, tapi isukna geus jol deui bae bari ruyuh-rayah neangan kahakanan kana tetenong, Ceuk uana, "Naha ari sia Bajal teu boga ka era, sakitu geus dicarekan sababraha kali teh, masih keneh bae ngalampahkeun nu matak teu kayungyun, bet kitu patutna ari jelema kandel kulit beungeut."
Si Bajal tuluy balik.
37KATULUSKEUN JURIG
Hartina = nu asal heureuy jadi enyaan
Sanadi ngarala suluh jeung Panta ka sisi lembur pada marawa peso rajang, sabot keur ngaradekan suluh, Sanadi ngomong, pokna, "Ieu peso aya seukeut dikadekeunana kana suluh, koma lamun kana pipi silaing."