Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81

§ 7. Poetra tjikalna njampurkun ka Hakim: Koering gus munang wasijat ti ama, kahojongna tèh koedoe dikoeboer di luwung, sareng gus maparin tanda-tangan banda ama kur koering kabèh. Djol dui poetra noe dukut ka tjikal; pok dui baé oendjoekan: Wasijat ama ka koering, moendoet diroewang di tegal, sareng maparin tanda-tangan, banda ama kabèh dipaparinkun ka koering baé sorangan. Djol dui poetra noe dukut ka boengsoe; pok dui baè oendjoekan: Koering munang wasijat ti ama, moendoet dikoeboer didjero lemboer sareng iju tanda-tangan paparin ti ama, radja-banda kabèh dipaparinkun ka koering baé sorangan. Djol dui poetra boengsoena bari njanggakun tanda-tangan ka Ki Hakim: Wasijatna ama ka koering, moendoet diroewang di kolong masigit, sarengna dui banda ama dipaparinkun ka koering baé kabèh, sareng èta tanda-tangannana.

§.8. Gus kadangoe koe Hakim pioendjoekna poetra-poetra kijai kabéh. Ki Hakim ngahoeleng, nangkup harigoe, bari ngamanah-manah wasijat, karana wasijat téh wadjib: anoe matak bingoeng wasijat tèh opat sarta hentu saroewa, opatannana sèdjèn-sèdjèn. Mangsa harita tu aja noe bisa moetoes. Ari saoer Hakim: Koedoe oerang moesawarah hula baé ka nagara sèdjèn; soegan aja hoekoemoe'llah anoe tangtoe. Katjarita boedak lagedoe sarta ditjawet baè, ari ngaranna disareboet Ki Sapii, kur oelin djung sasamana. Èta boedak téh njampurkun ngadukutan bari nanja ka Ki Hakim. Ari tjek boedak tèh: Koemaha sampéan tèh dèk moesawarah ka noe djaoeh? Tangtoe majít djadi baoe, djung dui djadi waloerat, kawas tu aja hoekoem adil. Na, lamoen bawa ka Radja, tangtoe poetoes. Lamoen Radja enggus loepoet, tu kapendak hoekoernna, mangkè koering anoe sanggoep moetoes, lamoen dipiwarang, djung majit waloerat mah.

§ 9. Toeloej Ki Hakim oendjoekan ka Radja, dioendjoekkun perkawisna hidji-hidji. Radja ngahoeleng bawaning koe bingoeng, hentu ijasa metakun hoekoem adil. Ari dawoeh Radja: Koemaha, Ki Hakim, baé nerapkunnana hoekoem?

6