Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83

dirempoeg. Gantjangna Ki Patih pèk ngarempoeg, ajiun masigit: tu lila gus parantos.

§ 11. Ari gus Kitoe Radja ngadawoeh Ka Hakim: Top oerang njėlėhkun, sabab ajuna gus adil, wasijat tèh boekti kabèh. Ajuna gura pèk koeboer; oelah sina waloerat. Sarta gura oeroes waris koemaha adil Pangoeloe. Djung guruhana gura oeroes sarikatna. Ari oesoerna mah, koemaha moepakatna baé. Ari gus kitoe Ki Sapii toeloej loengsoer tina korsi sarta disèléhkun panganggona karadjaan, bari ngomong ka Radja: Kaoela-noen, sim abdi ngatoerkun pertobat ka gamparan sareng ka djoeragan Patih, samalihna tidinja ka sadajana baè, oeroet koering tjirigih wawanian djadi radja. Tinja toeloej boedal kabèh, pada njabak koemaha adat bijasa. Sawarèh noe ka astana, ngali kur ngoeboer kijai. Hentu lila gus tarapti, wantoe-wantoe hantu aja kakoerangan. Tinja toeloej ngawariskun babandaan, sarta djung sarikatna oesoerna dibagi-bagi. Barang gus tarapti kaběh, toeloej maroelang Ketib, Modin sarawoeh Hakim.

§ 12. Radja ladjeng ngadawoeh ka Patih: Eta boedak noe tadi saoer, bawa ka lebet; oerang gandjar tina kapinterannana. Ki Patih miwarang ka Mantri njaoer Ki Sapii; tu koengsi lila djol datang. Dawoch Radjah: Kadiju, oedjang, ka ama. Ari oedjang tèh oerang mana? Sarta saha nja toewang rama? Karana ama mah kakara papanggih ajuna baè djung oedjang tèh. Walonan boedak: Soemoehoen pariksa, abdi oerang pasisian, ari poen bapa gus ninggal. Poerwa djisim abdi kadiju, sedja ngadjoegdjoeg kijai; hentu njaho jèn gus maot. Sedja abdi dèk masantrèn. Ari dongkap kadinja, kur koekoempoelan, kur ngabadamikun wasijat majit tėja; tapi tawakoep, ngantosan noe moesawarah. Abdi ningalan majit, watir katjida, noe mawi abdi ngomong ka Hakim, sabab majit tu gura dikoeboer. Sakitoe pioendjoek abdi, kaoela-noen. Sarengna dui oepámi hoekoeman abdi tu moepakat, gampil diboekana dui. Dawoeh Radja: Ajuna hoekoem gus tangtoe: mo aja noe ngaluwihan kadjaba ti hoekoem oedjang. Ari oedjang ajuna kahojong ama dianggo