Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91

papangannana, dek ditjabok koe kèntja djung koe katoehoe: belak nangkarak doewannana. Tinja hoedang Ponggawa doewa, sarta bari mesat pedang doewannana, tinggangkun ka taktak Lajoong Koemendoeng, datang ka njampaj di taktak Lajoeng Koemendoeng. Ngambek dui Ponggawa doewa, nunggar ka Lajoeng Koemendoeng Ponggawa doewa téh. Ogèng-ogèng baẻ paguh noe ditunggar; tarik noe nunggar, datang ka tiboentjal toedjoeh toembak djaoehna. Tapi noe nunggar gus kitoe hoedang dui, njampurkun ka Lajoeng Koemendoeng, njendak, tapi paguh Lajoeng Koemendoeng. Gus kitoe ditewak koe Lajoeng Koemendoeng tjangkéngna Ponggawa doewa, ti katoehoe Demang Rangga Pasoeng, ti kèntja Gadjah Loemiring, serta bari disoeroengkun doeroegdoeg baé ka tebèh wétan, datang ka sisi nagara, serta buki bedas njoeroengna, njorang pasir, luwung, tegal.

§ 10. Djol datang ka nagara sédjèn; ngaranna éta nagara Mandala Datar. Noe boga nagara didinja Gadjah Baroengbang, sadèrèkna istri hidji ngaran Atji Baroengbang Sari, serta kur tjaralik di pasèban djung léngsérna. Gus kitoe Lajoeng Koemendoeng njoeroengkunnana tepi ka aloen-aloen, dibenerkun ka pasėban, datang ka dèngdèk pasèban. Tinja ngambek Gadjah Baroengbang djung lèngsèrna, sarta indit bari ngarontok ka Lajoeng Koemendoeng. Gus kitoe dipapagkun koe Lajoeng Koemendoeng, regedeg ditjekel kabèh lungunna Ponggawa opat, dibalikkun ka teběh kalèr wétan. Doeroegdoeg baé kasoeroengkun. Ana gus kitoe iju istrina indit baè, moro ka tonggong Lajoeng Koemendoeng, serta njotjo kana kontolna sarta njiwit kana siritna; tapi tu dirasa koe Lajoeng Koemendoeng. Djongdjon baė Lajoeng Koemendoeng njoeroengkun, serta buki djaoeh. Gantjangna datang ka nagara sėdjèn dui. Ngaranna nagara éta Gugur Malėla, sarta gagah noe boga nagara, ngaran Arija Gadjah Balangbangan: boga sadèrèk doewa istri, hidji ngaran Nji Atji Bangbang soemangga wajang, hidji dui ngaranna Nji Soembang Rarang aris kombang mandapa sekar koemambang, sekar mantri angin-angin,