Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
113

luwih pait, nja luwih baoe bangkè, djung dui toeloej pada ngarègèlan kana biwir kaoela, sarta pating goerandil. Ari gus kitoe toeloej kaoela hajang nginoem, sèg dibèrèan timah bunang nahur, tatapi roepana tjai: èta rasana pangusi butung kaoela adjoer oetjoetan, rasana njaksak, sarta luwih baoe batjin, alah batan babatang baoena.

§ 11. Toeloej kaoela djedjeritan, tjarèk kaoela: hantu tahan, gus hantu kawawa luwih banget ngarasakun siksaan didjero naraka, alah batan siksaan didjero koeboer kabangetannana luwih banget. Ari gus kitoe toeloej kaoela ngomong ka ki badan: Allah, ki badan, koemaha tuing oerang sok lalawora satemen-temenna tetkala ukur di alam-doenja, dipohokun ka Djoeragan, anoe ngadjadikun sakabèhna boemi alam. Ari gus kitoe toeloej kaoela něndjo djalma, anoe disiksa didjero naraka, anoe dipanggang koe busi burum bunang mulum, tina lijang taina parat kana hoeloena, sarta ngadjerit-ngadjerit djung angadoeh-angadoeh. Toeloej koe kaoela ditanjakun ka malaikat Djabanijah: Èh malaikat Djabanijah, èta djalma koemaha dosana? Ari tjarèk malaikat Djabanijah: Èta djalma tjilaka doraka, anoe sok ngalawan kana parèntah salaki. Djung kacela nèndjo awèwè, bungutna sakaroepa djung koeda: ari létahna didjepit koe busi burum bunang mulum, moenggah datang ka pararotong, sarta ngalotjor getihna kahandap djung baridjilan nanahna luwih baoe. Gus kitoe koe kaoela ditanjakun ka malaikat Djabanijah: Èh malaikat Djabanijah, èta djalma koe nahaon dosana? Ari tjarėk malaikat Djabanijah: Èta djalma sok mènta talak ka salakina, sarta notorėkkun, arina dititah koe salakina, djung dui sok ngambek ka salakina. Djung dui kaoela něndjo awèwè ditjalangapkun soengoetna: ari hoentoena dipentreng, ari biwirna dirantė koe busi burum bunang mulum. Toeloej koe kaoela ditanjakun ka malaikat Djabanijah: Èh malaikat Djabanijah, èta djalma koemaha dosana? Ari tjèk malaikat Djabanijah: Èta djalma doraka tjilaka dosana, hantu noeroet ka parèntah indoeng bapana djung ka parèntah salakina.

§ 12. Ari gus kitoe toeloej kaoela gus hantu kadoega,

3