Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74

éling kana waktoe, toeloej abdas waktoe lohor. Enggus béak, toeloej salat soekoer, neneda ka Raboe'l'alamina, moega-moega hajang katon èta istri. Salat munang doewa raka'at, toeloej maos doe'a; hantu toetoeg maos, tèmbong tina paroengpoeng kai. Toeloej baé koe Radja dirontok, digalèrnah. Sanggus kitoe ditanja koe Radja: Oerang mana manèh, njai? Koela hajang satemenna, oerang djin atawa oerang manoesa. ― »Uh, koering oerang manoesa; anak Radja Badrija »nja koela". Koemaha anoe matak aja di goenoeng, loba mèjong? Èta koemaha asalna? ― »Noen, asalna kiju: koe»ring ditinggalkun koe rama, anoe ukur ka Mekah. Ari koering dèk dirogahala koe Patih sareng dèk dipaéhan. Koe»ring téh tu munang, sanguk, anoe matak loempat ka goenoeng, gus hantu sijun koe badak, hantu sijun koe mèjong; »ngan koe Patih anoe sijun. ― Njai, ari ajuna montong sijun koe Patih. Kun, koe kami ditalangan kasijun njai, karana kami Radja gegedén, tjitjing di nagara Edjam. Saha njai nja djenengan ? ― »Ngaran koering Poetri Amban. Mangga, koering tjandak koe Radja Edjam". ― Djung dui, njai, naon nja kahajang? Tangtoe kasanggoepan baẻ sakahajang njai. Djung kami, tu boga pamadjikan saajuna kami.

§ 11. Toeloej ditjandak koe Radja èta Poetri ka nagara; gantjangna gus soemping bae. Katjatoerkun èta Radja pèstana ramě katjida, sabab arèk nikah. Hantu lila dui nikahna enggus sampoerna; Poetri téh gus tetep djadi guruha Radja. Kira munang toedjoeh puting èta Radja tina nikah, Nji Poetri gadoeh impian. Ngimpi rama enggus soemping; nangis Radja Badrija hantu njampak Poetri Amban. Enggus toeloej tjatjarita iboena anoe matak uwuh: koe Patih rèk diomongan; koe sabab hajang Ki Patih, maksa kabina-bina. Èta sadjeroning impèn. Katjatoerkun enggus burang; toeloej popojan Nji Poetri, jèn koering gadoeh impian: ngimpi rama enggus soemping. Katjatoerkun Radja nimbalan: Èh njai, hajoe isoek oerang tėjang: soegan jakin impèn njai. Hantu koengsi lila dui, toeloej isoek pada angkat: pangiringna loba ti nagara, djung Patih ditjandak.