Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77

èta koedana dina tengah-tengah aloen-aloen. Toeloej datang ka pasèban; toeloej diparijos: Ari sampéan timana? Koela anjar pinanggih. Djung kamana anoe disedja ? — »Noen, koering děk kadiju pisan, ngaduhusan ka gamparan. Koela ti nagara Edjam, sedja iskola ka gamparan.”

§ 17. Toeloej ditjandak ka lebet koe Radja; toeloej tetep didinja. Enggus munang toedjoeh poè, koe Radja kamanah pagawéannana, sarta aloes; ladjeng didjiun Mantri besar. Toeloej ditikahkun ka poetra Radja; dina perkara sarẻ hantu daèk rudjung, misahna baè. Kinten munang saboelan istrina sasaoeran ka iboena: Iboe, koemaha iju tata noe lakian? Èta koering hantu njaho: hajang dipaparinan oeninga. Enggus munang saboelan hantu antel lungun-lungun atjan. Gantjang iboena njaoer: Hantu oemoem; soegan manèh anoe bangkawarah. ― »Hantu pindo gawè koering, lamoen boga panata gorèng. Mangga soempah baé, bisi iboe tu pertjaja". ― Guwat iboena hatoeran ka Radja: Koemaha itoe poetrana kitoe sasaoerannana? Sampè munang saboelan tatjan antel lungun-lungun atjan, lalaki anoe pista. Guwat gantjang disaoer koe Radja Mantri: Koemaha, Ma Mantri, anoe matak kitoe nja lampah? Guruhana datang ka kami. Koemaha èta kami hajang njaho, serta hantu oemoem. Lain patoet, lain pernah, lalaki bet awèwèan. Èta lingsem Raden Mantri, koe ramana disaoeran kitoe.

§ 18. Katjatoerkun enggus puting, toeloej Mantri njipta monjèt, diroepakun sipat manoesa noe kasèp pisan, ngoengkoelan Radja serta ngoengkoelan Mantri kasèpna. Ari dirantė tjangkèngna dijangtjang dina tjaringin. Ari isoek kapanggih koe noe ngaliwat djalma kasèp serta dirantè tjangkèngna. Guwat oendjoekan ka Ratoe jèn aja djalma dirantè: Abdi njanggakun papanggihan koering, di aloen-aloen itoe djalma dirantè ngan sorangan. Guwat Radja loengsoer, ditèjang. Toeloej Radjah gèhgèr: Koehama Mantri, iju djalma dirantè, kasèp serta sorangan? Toeloej Mantri gagantjangan: Èh Radja, ajuna koedoe serat. ka oenggal radja, koedoe pada datang kabèh. Gantjangna gus diseratkun ka oenggal radja, serta gantjangna gus pada