Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/341

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

319

tatali hoeroeng adoe mantjoeng,
tatah herang adoe kĕmbang,
tatah miring adoe beusi,
tatah goelawir[1] asihan,
anggon-anggon boedak ngora,
boedak ngora ngala djaja;
ka loehoer ngarois[2] ramboet,
kaoetjoelan gĕloeng agoeng,
kagoegajan[3] gĕloeng malang,
goemorolong goemorontjong,[4]
goemorolong dina tonggong,
goemereleng dina angkeng,
ngaloemboek dina poengpoeran,[5]
ngaloembajang[6] dina koekang;
ramboet hideung meubeur keuneung,
ramboet pandjang njapoe dampal,
di loehoer satikĕl deui,
dipaoet ka tĕbeh toengtoeng,
poeroeloek lajoean[7] tandjoeng,
dipoeril-poeril ka gigir,
pirilik lajon malati,
dipaoet ka tĕbeh beuti;
koleang saloempit pandan,
sakitoe karadjeun teuing,
bagoes pigantieunana,
katjandak sisir djeung minjak,
disisiran diradinan,[8]
dilĕnga-lĕnga[9]wangsana;[10]

——————

  1. wadah.
  2. ngarawis.
  3. loegaj.
  4. golvend afhangen.
  5. poengkoeran.
  6. ngaroembajna.
  7. lajon.
  8. diradjinan.
  9. lĕnga, olie; oliën.
  10. = mangsana, beteekent hier zeer lang.