Ieu kaca can diuji baca
316
sarta koedoe tidjoempalik.”
„Eh, koetan kitoe kĕrsana,
soemangga bae, ki patih.”
Mana kitoe geus djangdji,
da kitoe kĕrsana ratoe,
toeloej adjar ditoembak,
sarta baridjilan gĕtih,
tapi eta gĕtih teh herang katjida.
95
ajeuna teh ngaran tjai,
Tji-beureum djeung Tji-kĕdĕngan,
Tji-hideung Tji-koneng deui,
Tji-herang hidji deui,
noe aja di sisi lĕmboer,
margana teh di dinja,
tina gĕtih adjar tadi,
tah, sakitoe poerwa aja ngaran eta.[1]
96
geus dongkap ka waktoe lahir,
mĕdal pamĕgĕt poetrana,
roepana kasep teh teuing,
moeloes salira- siwi.
Ditjabak-tjabak koe ratoe,
aja sora teu kroehan,
oengĕlna: „lamoen noe sĕrik,
tangtoe pisan dibalĕsna leuih lara[2].
——————————
- ↑ In dit hoogst onbeholpen vers noemt de dichter maar eenige namen, omdat hij niet wist, waar de adjar zijn leven vrijwillig veil gaf. Ter orienteering leze men regel 6: njeta di rantja Tji-boengoer.
- ↑ In de pantoen doet het kind — Tjioeng Wanara later — deze voorspelling, bezield door den adjar, voor zijn geboorte, 1. c. blz. 97-98.