Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/397

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

367

Toeloej ka nagara Mĕdang kamoelan: kadaharranan sri.

Mana aja sri di noesa Djawa.

Toeloej krama raka kapada raka, rai kapada rai[1].

Toeloej pinoeh Mĕdang kamoelan, dieusi koe doewa riwoe.

Mangka karsa mi(n)-

Fol. 8.

dah dajeuh ka Goenoeng kidoel.

Mangka diwaris koeringna koe Darma siksa, noe te Mĕsir sakoeringna ka goesti(na).

Saoer ratoe: "lalakina eta oge teu dibwaga[2] waris, aja waris poerba mana koewat ewe-ewena."

Mangka toeloej djadi nagara doewa kang raka deungngeun kang rai.

"Mangka tjaritakeun deui nabi Ĕnoh.

Saoerna nabi Adam: "nabi Ĕnoh, teujatjan dahar sri: reja doeradoe, koedoe bogoh kapada lalaki, karsa dahar babatang".

Saoerna: "na(bi) Adam, moegi-moegija keuna bĕbĕ(n)don d(e)neng Al(l)ah".

Mangka nabi Adam njieun parahoe.

Mangkana pastoe, dibawa oe(ng)gah ka parahhoe nabi Adam nabi Ĕnoh.

Dibawa oe(ng)gah ka parahoe, mangka bidjil angin to(m)pan sapotjorro ti sagara, mangka keuëum alam doenja.

Oerang noe-

Fol. 9.

sa Djawa rame eukeur njieun goenoeng.

Saoer ratoe Prĕwata sari djagat: "pikakeuëummeun".

Mangka njipta goenoeng sasipat langngit, dingarankeun goenoeng[3] Adrakasa[4].

  1. Er staat nog eens: kapada rai achter.
  2. diboga
  3. Er staat maar 'n halve g.
  4. = Adri-akasa.