Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/440

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

410

moesoeh atawa anoe ngaloeroeg pĕrang, wantoe nagara gĕde, oerang njieun pandjara beusi".

Saoer ratoe: „koemaha domas geus kaselehkeun ka maneh?"

„Disanggoepan njieun eta pandjara koemaha koering".

„Saoer ratoe: hade ari maneh sanggoep mah njieun, tatapi moedoe anggeus sapoë; oepama hanteu anggeus, beuheung maneh gantina".

Ladjĕng ngadamel pandjara beusi domas auggeus sapoë.

Ari geus anggeus lapor ka ratoe: „ajeuna prakawis pandjara parantos sareng njoehoenkeun dironda koe ratoe di loearna sareng di djěrona, bok manawi aja kakiranganana".

Ladjĕng dironda koe ratoe eta pandjara di loearna geus dironda, asoep ratoe ka djĕro.

Geus asoep ka djĕro pandjara ratoe Bondan, toeloej disosi dipintoe eta lawangna pandjara koe moerangkalih tea, sarta lahirna moerangkalih: „ajeuna aing malĕs ka maneh bongan malidkeun ka aing".

Ratoe Bondan waktoe harita di djĕro pandjara didaharanana koe Aki panjoempit, ngala sagala manoek; meunang sakodja datang dilaporkeun ka ratoe.

Saoer ratoe: „Aki panjoempit teundeun eta manoek dina kodja teh, kaitkeun dina tjotjongker[1] pandjara".

Lila-lila eta manoek sagala anoe dina kodja pada ngarowong, djeung pada manoek pokna: „ajeuna koemala oerang aja anoe sieun dipeuntjit. nja anoe sieun dibeuleum, rek leupas hamo meunang sabab taja djalanna".

Aja manoek piït poetih, tjitjing pangloehoerna, pokna ke batoerna manoek: „ajeuna oepama aja hajang hiroep mah, moedoe toeroet ka dewek".

Pokna batoer-batoerna manoek: „seug, kaoela dek, noehoen pisan".

Ari tjarek piït poetih: „di mana mangke dewek ngagoeroepoek bidjil, maneh moedoe barĕng bidjil".__________

  1. Het oog waaraan de pandjara hing.