Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
23

3. Ki Moksel.

Djaman baheula aja hidji djalma mararat, ngaranna Bapa Moksel, djeung pamadjikanana Amboe Moksel; katjida teu bogana nĕpi njatoe sore hĕnteu isoek.

Hidji mangsa Pa Moksel leumpang ka pasar.

Datang ka pasar, papanggih djeung hidji Tjina keur moëkeun bibit waloeh.

Tjina nanja ka Pa Moksel: „aih, Moksel, loe maoe pigi ka mana?”

Djawab Pa Moksel: „tida, Bah, maoe djalan-djalan hadja, kĕpengen mĕlantjong ka pasar.”

Tjek Tjina: „Moksel, apa loe kaga ada pĕkĕrdjaän di roemah; kapan kaga ada kĕrdja, lĕbih bai tanĕm ini waloeh di kĕbon atawa di hoema. Kaloe maoe, nanti goeah kasi ini bibit”.

Djawab Pa Moksel: „bai, Bah, trima kasi, kaloe Bah soeka kasi itoe bibit, nanti saja maoe tanĕm di kebon”.

Geus kitoe, toeloej Pa Moksel dibere saraoe siki waloeh, dititah, dipĕlakkeun.

Ti dinja, toeloej Pa Moksel balik mawa bibit waloeh.

Ana datang ka imahna, tjarita ka ewena moen dibere waloeh koe Tjina.

Ewena atoheun bari toeloej arindit ka boeboelak rek mĕlakkeun bibit waloeh tea. Prak dipĕlakkeun sakalian.

Sasalsena mĕntas mĕlak waloeh, toeloej poelang.

Barang geus opat poeloeh poë diteang eta waloeh: geus baroeahan sarta galĕde.

Dina hidji poë Pa Moksel djeung ewena leumpang ka kĕbon waloeh, mawa karandjang. Prak waloeh teh diala meunang sapikoelan.

Amboe Moksel nanja ka Pa Moksel, tjekna: „uih. Bapa Moksel, ieu waloeh rek dibawa ka mana?”

Pa Moksel ngadjawab: „rek dibawa ka pasar, Iamoen aja anoe meuli rek didjoeal, Iamoen aja anoe menta rek dibikeun”, bari toeloej manehna indit nanggoeng waloeh rek ka pasar.