Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
25

Oraj ngadjawab: „noe matak koela datang ka dieu, rek malĕs tarima kasih ka sampean, tapi teu mawa naon-naon. Ngan pamenta koela, ajeuna, Pa Moksel, koedoe miloe ka koela djeung Ma Moksel oelah marah ka koela pedah Pa Moksel dibawa”.

Ti dinja Pa Moksel seg dangdan. Toeloej leumpang noeroetkeun oraj bari njĕkĕIan kana boentoetna.

Asoep leuweung ka loear leuweung, tapi koe pangawasana oraj, Pa Moksel teu teurak koe tjoetjoek-tjoetjoek atjan.

Bras nĕpi ka sisi hoetan, oraj nanja ka Pa Moksel, pokna: „koemaha, ajeuna koela arek toeroen ka laoet, naha sampean rek miloe ta hĕnteu?”

Djawab Pa Moksel: „rek miloe bae, sanadjan ka mana-mana ogeh, koela mah rek noetourkeun”.

Geus kitoe, toeloej Pa Moksel dibawa teuleum koe oraj ka djĕro Iaoet.

Ana datang ka dasar Iaoet, beh manggih nagara agreng katjida, ari radjana eangna oraj tea.

Oraj njarita ka eangna, moen manehna geus ditoeloengan koe Pa Moksel tina balaina, datang ka bisa hiroep waloeja.

Djeung deui: „noe matak dibantoen ka pajoeneun eang, koering hajang moelang tarima ka manehna”.

Ti dinja Po Moksel koe eangna oraj dibere hidji djimat paranti dagang.

Sanggeusna toeloej balik; ingĕt-ingĕt, geus di daratan.

Barang datang ka imahna, pruk njarita ka pamadjikanana moen dipaparin djimat koe eang oraj paranti dagang.

Pamadjikanana miloe atoh kabina-bina, pikirna, soegan bae eta djimat aja hasiatna.

Barang dina hidji mangsa Pa Moksel njaba ka Batawi, dĕmi djimatna disĕlapkeun lebah boedjalna.

Ana datang ka Batawi, kapanggih koe hidji toean toko. Tĕroes ditanja koe eta toean toko ngomong malajoe: „he, man, kwe maoe ka mawa, lagi apa di sini?”

Djawabna: „kaga toean, saja maoe malantjong hadja, tjoeman barangkali aja pakoelian”.