Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

30

Tjek andjing: „kadieukeun, koe aing bawa; ari koe dia mah, kawatir leungit deui.”

Toeloej dibikeun djimat teh ka andjing, ari manehna prak toempak andjing deui, arek baralik.

Pek andjing ngodjaj.

Barang nĕpi ka sisi laoet, djimat teh ragrag ka tjai koe andjing, sabab andjing kabengbat nendjo hakaneun.

Djimat disantok koe laoek gĕde.

Oetjing ngambĕk ka andjing nĕmpoehkeun, gĕr pasea.

Tjek andjing: „dia tong waka marah-marah ka aing, keun bae, aing ogeh sanggoep njiaran,” bari toeloej andjing leumpang ka noe bala.

Nĕpi ka noe bala, beh manggih sero sahidji; gabroeg bae koe andjing dirontok.

Sero gogoakan, sieun dihakan.

Tjarek andjing: „dia tong gogoakan, teu ditĕlĕn koe aing, tapi aing toeloengan koe dia pangnjiarkeun hidji laoek noe gĕde roepana beureum, sabab boga dosa ka aing maling djimat tina soengoet aing. Ajeuna koedoe tjokot koe dia tina beutenngna.”

Sero sanggoepeun. Toeloej bae laleumpang djeung andjing ka laoet.

Hanteu lila djimat geus beunang, tĕroes dibikeun ka andjing; sero balik.

Oetjing djeung andjing tĕroes paroelang ka doenoenganana.

Datang-datang, eta djimat dipasrahkeun koe andjing djeung oetjing ka doenoenganana; geus katarima.

Katjarita Pa Moksel dagangna tambah-tambah roegi bae, sabah eta djimatna geus loemah, meh datang ka malarat deui.

Oenggal-oenggal poë sok pasea djeung pamadjikanana, nĕpi ka pamadjikanana menta disĕrahkeun, ngadjak pĕpĕgatan di hareupeun pangoeloe.

Koe Pa Moksel ditoeroetkeun sakoemaha karĕpna pamadjikanana, toeloej arindit ngadeuheus ka pangoeloe.