Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

32

Djeung eta kapitan ngadjak, pokna: „mangke, kira-kira poekoel dalapan kami rek datang ka imah maneh, bari sok mere pĕrĕsen tiloe poeloeh ringgit.”

Tjek Ma Moksel: „mangga, arek soemping mah, taja halangan.”

Tatapi sadjĕroning manah, Ma Moksel sabil hatena. Karoenjaeun ka salakina heubeul, Ma Moksel ngomong dina pikirna, pokna: ah, bareto aing geus mararat djeung Pa Moksel, geus ngarasa beunghar djeung Pa Moksel, anggoeran ieu doeit gĕnĕp poeloeh ringgit rek dibikeun ka Pa Moksel.

Geus mikir kitoe, toeloej bae manehna balik deui njampeurkeun ka Pa Moksel.

Tjek Pa Moksel: „koe nahaon maneh bĕt balik deui ka dieu?”

Ma Moksel njarita hajang tĕpoeng deui ka Pa Moksel sarta toeloej bebedja, moen manehna meunang doeit gĕnĕp poeloeh ringgit bari sok diselehkeun ka salakina.

Pa Moksel atoheun pisan dibawakeun doeit sakitoe lobana koe bikangna, pok nanjakeun: „ti mana maneh meunang doeit loba teuing.” Ma Moksel tjatjarita ka salakina moen eta doeit ti pangoeloe, ti patih djeung ti kapitan pĕrĕsen. Kitoe deui eta anoe tiloean bakal datang mangke peuting kira-kira sabada isa.

Tjek Pa Moksel: „na koemaha atoeh aing; sieun koe pangoeloe, koe patih djeung koe kapitan.”

Pokna Ma Moksel: „montong sieun-sieun, mangke di mana waktoe daratang, maneh koe oerang dipĕtakeun, tapi oelah ĕmboeng, soepaja salamĕt sarerea oerang.”

Djawab salakina: „nja koemaha pamĕtakeun maneh bae arina kitoe mah.”

Ti dinja Ma Moksel toeloaj ka pasar balandja; meuli poepoer, minjak seungit, bakioan, gengge djeung toengkĕt.

Ana datang ka imahna geus peuting.

Salakina dibaloeran, diborehan koe poepoer djeung koe bakioan; ditjoelang-tjaleng awakna dĕmi soekoena djeung leungeunna digengean.