Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
35

Ana datang ka ĕnggon, prak digosokan koe bakiaon nĕpi ka hideung awakna kapitan teh kos gagak.

Barang keur kitoe, Pa Moksel toeroen ti loteng barina ngĕtroekkeun toengkĕtna, soekoena ngagĕndjring djeung leungeun da digenggean: kĕtoek-gĕndjring, kĕtoek gĕndjring.

Pangoeloe teu kawawa koe sieun ngagĕro ti djoeroe bari njoehoenkeun lampoe rek leumpang.

Patih kaget, ngababoek kĕnapna kana lampoe; brong-brang pareupeus; seuneuna geus pareum.

Kapitan goegoep koredjat, bĕrĕbĕt bae loempat.

Bawaning reuas, tjoel pakean, tjoel kareta, saleuleugeundjeur balik ka imahna.

Patih djeung pangoeloe nja kitoe deui, pada laloempatan satarandjang, ngan tinggal tjalana bae. Papakean kataringgaleun katoet bendi patih djeung delman pangoeloe.

Ana daratang kana satĕmpat-tĕmpatna, pada koe djaga-djagana dipaehan, maroekan djalma rek maling sabab satarandjang djeung harideung, djadi eta noe tiloean tjarilaka koe pamolahna sorangan.

Ari Pa Moksel djeung Amboe Moksel djadi salamĕt, banda meunang, pakean meunang soemawonna doeitna, djadi manehna tĕtĕp beunghar deui.