Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LVI.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

75

Eta para radja noe sakitoe mararoendoet, kabeh pada marantjoeh koe roepa-roepa panganggo istri raoeh oeang sapĕrti: ĕmas intĕn djeung lian ti dinja. Tatapi koe kĕrsana pĕrĕboe Linglang Boeana hĕnteu atjan dipasihkeun ka dieu-dieu ogeh karana tina rea teuing anoe nanjaän, manahna pĕrĕboe, lamoen dipaparinkeun saoerang tangtoe djadi karoesoehan sisirikan. Toeroeg-toeroeg datangna soerat-soerat pananjaän barĕng pisan taja noe heula pandeuri djadi mohprok.

Toengtoengna pĕrĕboe teh bingoeng ngamanahan radja-radja sakitoe rarongkahna toer djaroegala, lain radja djore-djore, sami gagah pĕrkosana, hĕnteu kakoerangan balad djeung sarakti.

Enggalna tjarita, pĕrĕboe badami sarĕng prameswari raoeh den patih, lahirna: „ki patih, ajeuna eta pĕrkara soerat-soerat panglamar ti para radja nanjaän si njai koedoe ki patih walonan, dĕmi maksoedna dina djĕro eta soerat oerang ngaembarakeun nji poetri. Karana, lamoen koe kami dibikeun ka saoerang, tangtoe djadi karoesoehan soemawonna koe kami moen teu dibikeun, tangtoe pisan mangkena ngaroeroegan pĕrang ka nagara oerang.”

„Ari ajeuna, patih, geura nitah ka ponggawa eta djimat oerang, manoek titiran poetih noe sakĕmbaran, geura sina dikĕlat dina loehoer tjaringin koeroeng. Mangkana saha-saha noe bisa mĕntang koe panah sarta keuna kana panon eta manoek, nja eta pidjodoëunana poetri djeung koe kami tangtoe didjĕnĕngkeun ratoe, di nagara ieu didamĕl radja anom.”

Raden patih sanggeusna nampi timbalan ti pĕrĕboe, Iadjĕng bae ngadamĕl toedjoeh soerat pangwalon baris koe toedjoeh radja, oengĕlna, ditjarioskeun, sakoemaha timbalan pĕrĕboe tea.

Toenda tjarita den patih noe keur njieun soerat walonan.

Katjaritakeun deui Ki Miskin djeung indoeng poeloengna, nja eta nji randa tea.

Ki Miskin ngomong ka indoengna pokna: „ĕma, ai oeing