Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/132

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

111

ruwa jeung tangkal kalapa; seug dipake nyukang ku sarereya.

Keur nyarukang, cukangna tembong, tetela yen lubang gĕde. Barĕng musuh datang ka sisi cai, cukangna teu tembong. Ragrag saur cadu dahar sarta mĕrgasa lubang.


5.

Cadu diarakkeun keur waktu dikariyakeun. Turunan Pasir Panjang, Kabupaten Sukapura. Asal tina karuruhunna ngawinkeun putrana di rame2 sakumaha adat nu ngarendengkeun. Dina powean rendengan eta putrana diarakkeun; nganggo tutunggangan, dihade2 diembrang2. Barĕng keur diidĕrkeun di alun2 tutungganganana disambĕr gĕlap, panganten nu nitihan tutunggangan duwanana babar pisan paeh. Satungtungna ngurus mayit, ibuna kagungan saur, saturun2 anjeunna nu dikariyakeun ulah diarakkeun.


6.

Cadu ngala kĕmbang kananga. Di desa Leuwi-halang aya nu cadu ngala kĕmbang kananga. Asalna karuhunna boga hiji anak lalaki rek disundatan. Geus muguhkeun powe, eta budal nu rek disundatan naek kana tangkal kananga, ragrag babar pisan. Ti dinya indung bapana boga omong saturunan manehna cadu naek kana tangkal kananga.