Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

113

7.

Tjadoe boga bokor perak, kĕris saboek intĕn, karembong tjinde, tjongtjot sangoe beureum. Toeroenan Pasir Pandjang bawah Soekapoera; karoehoenna kaitoeng kaja([1]), boga hadjat ngawinkeun sarta toeloej diistrenan noe djadi gĕgĕden dajeuh. Sameuntas istrenan, koempoelan para sĕpoeh2 sakadang-warga sarta pada mawa katoewangan miwah[2] sangoe sapiambĕk2na.[3] Barĕng saderekna panganten noe diistrenan di boeka toempĕngna sangoe beureum, lahiran panganten: Eh! Kakang horeng beureum! Manahna rakana miarsa[4] saoer kitoe, indit narik doehoeng saboek-intĕn , panganten indit deui, barĕng ngalengkah tikaridjĕt koe beulitan tjinde, nintjak bokor perak, tisoledat, gĕdĕbloeg roeboeh, toeloej ditoejoeng koe rakana ditĕwĕk koe kĕris saboek-intĕn, babar pisan paeh. Sameuntas gehger ngoeroes majit, ramana njaoer toeroen tjadoe boga bokor perak satjara sabatoerna tadi.


8.

Tjadoe njeun sarta boga imah panggoeng. Toeroenan desa Tjibodas hilir. Awit ti kijai Toemĕnggoeng Wiranangga; waktoe djadi wakil bapati Tjiamis. Moelih seba ti Mataram, dibahanan koe Soeltan hidji piagĕm angkatan bopati Banagara sarta diwakilan ngadawoehkeun ka para abdi Banagara noedoehkeun noe djadi bopati, gĕbrahkeun piagĕm angkatanana.

  1. Maleiisme; Soend. beunghar.
  2. Javanisme, Soend. djeung, sarĕng.
  3. ld. Soend. sewang2an, sorangan, saoerang saoerangna.
  4. ld. Soend. mireungeu; die zin is bovendien onjuist. Instede van manahna, had hier moeten staan di mana.