Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

115

Barĕng datang ka boemi panggoeng, piagĕm digĕntos oengĕlna, andjeuña noe djoemĕnĕng boepati. Kalampah geus didawoehkeun, oengeling piagĕm pada miarsa[1] jen andjeuña noe djoemĕnĕng boepati di Banagara. Lila2 piagĕm noe estoe ti Mataram ragrag ka kolong boemi, kapanggih koe noe toogoer; oerang Banagara, ngaran aki Pawindon. Barĕng geus nĕpi ka oesoemna diganti, aki Pawindon balik tina patoegoeran, soerat noe timoe ti kolong dibawa dibikeun ka noe boga, nja noe diangkat Raden Pandji Aria Djajanagara. Bral angkat ka Mataram, dipahatoer[2] ka soeltan tindakna Kjai Toemĕnggoeng Wiranangga, dina waktoe seba pĕpĕkan pra boepati, dipriksa katrangañana katoeran[3] kjai Toemĕnggoeng Wirangga masih palsoe, reh Raden Pandji aria Djajanagara teu katingalieun, sĕbab diboenikeun[4] koe Pangeran Panĕmbahan. Ti dinja Toemenggoeng Wiranangga rek dihoekoem pati, disoehoenkeun keur Boepati Banagara, kapasihkeun.

Sasoempingna ti Mataram Kjai Toemenggoeng Wiranangga ragrag saoer, satoeroenan andjeuña tjadoe kagoengan imah panggoeng.


9.

Tjadoe ngingoe koeda dawoek-bang sarta make apoes kadali kanteh beureum. Asal ti Sang Adipati Pamoekan, boepati Ga-

  1. Javanisme.
  2. Moet zijn dipihatoer, welligt een schrijffont.
  3. Moet zijn pioendjoekna.
  4. Hier zon men zeggen disoempoetkeun.