Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

117

loeh, waktoena dibradjag koe mĕrtoewana[1], Praboe di Moentoer, nitihan koeda dawoek bang, make apoes kadali kanteh beuream. Noe matak dibradjag margi dipitĕnah koe garwa, nami Njai Mas Nataboemi, nja eta poetrana Praboe di Moentoer, noe dipigarwa koe sang Dipati Pamoekan. Ti dinja ramana Praboe di Galoeh Tjipta Pĕrmana kagoengan saoer, tjadoe kagoengan koeda dawoek-bang sarta kadali apoes kanteh beureum.


10.

Tjadoe mĕlak pare beureum, dahar mah hade. Oerang desa Sadanganja aja noe tjadoe mĕlak pare beureum. Asal2na karoehoeña boga anak awewe geulis, kawĕntarkeun ka nagara. Rek disĕlir koe Ratoe, si boedak teu daekeun, dipaksa koe pawarangan.[2] Si boedak loempat ka hoema ditejangan koe indoeng-bapana sarta djeung piwarangan, wĕleh teu kapanggih. Bapana dibawa koe piwarangan dihatoerkeun ka Ratoe, magar moenikeun[3] anakna, toeloej diberok. Saoetjoelna tina siksaan moelang ka lĕmboer, anakna kasampak geus datang, ditanja: Njamoeni[4] ti mana? Omongna: Njamoeni dina pare beureum "ongkoh bapa ge kadeuleu koe kaoela tingkaroreh nejangan didinja! "Bapana ragrag omong: "ajeuna satoeroen2 aing oelah deui mĕlak pare beureum denesi[5] matak diares.

  1. Maleiisme. Soend. mitohana = 't Mal. mĕr toha = toewa. In Oud. Soendaasch hestten de hoofden ook wel tohaän = toewan. Zie ook het Javaansche maratoewa.
  2. Hier piwarangan, welligt een schrijffont. Pawarang, eerste vronw van een aanzienlijke. Zoo niet, dan hebhen wij hier nog met hetzelfde pa te doen, dat voorkomt in pagawe, sawahbewerker, en patjalang (ook wel pantjalang), hoodschapper.
  3. Soend. njoempoetkeun
  4. Soend. njoempoet di mana.
  5. Javanisme, dene si. Soend. da, lantaran, Oud Soend. kenana.