Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

119

11.

Boejoet ninoen kasang. Toeroenan Tjibodas, Tjiamis. Asal karoehoeña istri binangkit sangkir ngeujeuk. Dina sahidji waktoe tjarogena angkat djaoeh, arina soemping kasampak istrina keur ninoen kasang. Dina piseureungan aja soerat ngagoler, ditĕrka soerat bobogohan. Teu dipriksa deui, tjarogena kaboeroe napsoe, noe keur ninoen djĕdak ditĕwĕk, habar pisan. Ari geus reureuh napsoe, soerat dibatja, horeng soerat ti andjeuña oengĕl soemono[1]. Ti dinja andjeuña ragrag saoer, satoeroenan oelah rek ninoen kasang.


12.

Tjadoe make tangkal kalapa. Aja hidji djalma ngaran Mastal, imah2 di desa Tjikoneng, tjadoe make tangkal kalapa. Kawit[2] baheulana pakolotañana[3] boga hidji anak lalaki leutik, keur sila di bale, tihang tangkal kalapa eunjeuh, anakna naradjang ka bapana, aja sahidji peso ngagoler keuna ka boedak, katoeblĕs[4] tĕngah leungeuña, babar pisan paeh. Ditoeloengan koe doeloerna, eta doeloerna katjoegak koe haroepat kalapa, babar pisan paeh. Ti dinja bapana ragrag omong, tjadoe boga imah bale ditihangan tangkal kalapa.


13.

Tjadoe noewar tangkal kondang sarta njatoe boewahna. Aja hidji djalma ngaran Karsiah imah2 di Tjikoneng, tjadoe tangkal kondang sarta nĕda boewahna. Kawit lampah pakole-

  1. Toestandsvorm van sono.
  2. Javanisme; Soend. asalna lantarannana, djalanna.
  3. Hier zou dit beteekenen: zijn ond worden.
  4. Javanisme. Soend. katjoegak.