Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXVII.pdf/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

121


tañana[1] baheula djaman pĕpĕrang moeboes ka leuweung kana doengoes, aja tangkal kondang, njalindoeng kana tangkal kondang gĕde, ditejangan koe brandal teu kapanggih, brandalna leumpang djaoeh tina tangkal kondang. Balik ka imahna, ti dinja ngoempoelkeun batoer2na menta disaksian tjadoe noewar tangkal kondang sarta njatoe boewahna.


14.

Tjadoe njatoe djengkol. Sahidji djalma ngaran Nangga , imah2 di Tjikoneng, tjadoe njatoe djengkol. Kawit lampah pakolotañana baheula boga anak hidji, beuki pisan djengkol, toeloej ngala djengkol di leuweung. Sanggeussing ngala djengkol, di haudapeunnana njatoewan djengkol, gantjangna djengkoleun sampe[2] paeh. Ditejangan koe bapana kapanggih handapeun tangkal djengkol geus paeh, toeloej dibawa ka imahna, balik dioeroeskeun majitna, ti dinja bapana ragrag omong, satoeroen toeroenan manehna tjadoe njatoe djengkol.


15.

Tjadoe njatoe laoek Iele sarta koeloer. Sahidji djalma ngaran Amboe Baros, imah2 di Tjikoneng, tjadoe njatoe Iele sarta boewah koeloer. Kawit lampah pakolotañana baheula djaman pĕpĕrang maroeboes ka leuweung ka noe bala; dina bala aja tangkal koeloer sarta di handapna aja tjaloebakan tjai. Manehna naek kana tangkal koeloer tjitjing dina dahaña di loehoer, diboeroe brandal datang kana tjaloebakan, manggih Iele keur njome. Eta brandal kapĕgat koe laoek, toeloej maroeloengan

  1. Hier zegt men karoehoenna. Onder pakokolotanana zou men hier verstaan: zijn oud worden.
  2. Maleiisme. Soend. nĕpi ka of datang ka, Sampe wordt hier wel eens gebruikt voor voldoende, sampe katjida.