565
12. Sarĕng toewan controleur Willem Linn, ari dongkap ka Rangkasbitoeng kota, hanteu ladjoe mondok bae, isoekna karek toeloej, kapeutingan nja mondok deui, di kawadanan Sadjra, isoek karek ladjoe, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng Poentang, ngandjrĕk deui di toewan Van Delden meuting, doewa wĕngi lilana.
13. Boemi toewan sakalangkoeng asri, rea-rea pikeun kasĕnangan, imah papan siga tembok, moetoeh pisan araloes, malah sami djeung di Batawi, saĕnggeusna mariksa, ngaran goenoeng Endoet, balik moelang kapeutingan, dina oeroet nja ĕnggon balingadjadi, ingĕt djaman keur boedak.
II
14. Kasmaran pabaoer sĕdih, sadjĕroning pipikiran, nalangsa djaman bareto, oeroet koela ngalih alam, kalahiran didinja, toempah darah kandjĕng iboe, kasondong deui harita.
15. Basa ngalih ka Tjaringin, sĕpoeh pangkat djadi dĕmang, ajeuna ngaranna sedjen, kaganti ngaran wĕdana, sĕpoeh ti pangkat eta, ngalh ka Tjatingin moendjoek, njandak pangkat kapatihan.
16. Nja pandjang ana digoerit, isoekna tidinja angkat, sarĕng toewan kontroleur, ka kota apdeling Lĕbak, teu toeloej powe eta, nja mondok di Rangkasbitoeng, isoek karek balik moelang.
17. Kala eta noe kapanggih, koe koela di dajeuh Lĕbak, teu atjan diatoer sae, malah aloen-aloen kota, eurih noe mantak bala, djeung, djarĕblog rea loempoer, di djalan poetĕran kota.
18. Malah kaso djararadi, leuweung rea noe raroesak, tĕgal angar mereketet, paroetih kĕmbang eurihna, leuweung taja rasmina, lĕmboer paboeliksak koesoet, rea tanah angar bĕra.
19. Mantak djadi sĕdih ati, hamba-hamba oerang desa, kolot boedak pada bongoh, achirna keur dina boelan, Oktober tanggal lima, sarewoe dalapan ratoes, djeung toedjoeh poeloeh dalapan.