Lompat ke isi

Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, XXXVII.pdf/606

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
583

187. Djiga-djiga ĕmboengeun teh teuing, kaelehkeun koe batoer noe reja, tĕgĕsna ĕmboeng dipojok, lain bae noe poegoeh, tjitjing matoeh di kota nagri, malahan sadajana, boemi poetra kitoe, di kota district sadaja, djeung di oenggal-oenggal kabeh onderdistrict, kadjarowan ampijan.

XIII.

188. Kasmaran anoe pingali, koe aloes atoerannana, di Bantĕn kidoel nja aneh, njĕples koemaha atoeran, di dajeuh Pĕrijangan, tina binangkit pangoeroes, boekti kabidjaksanän.

189. Pasĕpoeh mangsoelan deui, estoe lĕrĕs koela lĕpat, marga tina koerang niten, dangět ijeun koemoetan, noe parantos sadaja, boekti tambah-tambah madjoe, lain bae ngoeroes imah.

190. Sadajana para-abdi, masing-masing sarĕng maksa, koewat-koewatna oge, sami neangan kipajah, nijaga tani dagang, sarĕng djeung djawi tikitoe, aja bĕrkah alchamdoelillah.

191. Djalan sadajana rĕsik, imah bangoen gĕgĕdongan, dilaboer paroetih netjes, sawah-sawah sadajana, tipar hoema kagarap, leuit boentjir tjoekoep njatoe, malah barisa ngadjoewal.

192. Beas baratoesan kampil, didjoewal ka pasar-pasar, malah ka sedjen apdeling, oenggal pasar rame dongkap, noe ngĕdjaroewal beas, boekti langkoeng tina tjoekoep, ajeuna apdeling Lĕbak.

193. Koelateh mangsoelan deui, ka pasĕpoeh noe njarita, jeu nja kitoe njata oge, noe matak djadi malarat, kabeh pĕriboemi poetra, koerang njatoe koerang nginoem, koerang sandang koerang pangan.

194. Parangi litjik tjilimit, koerang daek banijaga, koerang tonggoj, koerang gĕtol, koerang tĕmĕnan wĕkĕlan, djadi kamalaratan, njata poegoeh sĕbab kitoe, tina boga kakoewatan.

195. Paparin Raboelalamin, pangeran alam sadaja, sĕbab