Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde LVII.pdf/523

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

474


Ti dinja njaoer saderekna poetri Nji Amĕng lajar.

Noe disaoer geus ngadeuheusan, ladjĕng ditimbalan dangdan, rek nĕmonan semah tea.

Nji Amĕng lajar amitan ka rakana rek dangdan.

Lagoe modjang dangdan.

Indit bari meber samping,
sampingna batik sambagi,
toempalna koe banjoe ĕmas,
ngagĕboer bĕnten ĕmasna,
bĕnten ĕmas dikarantjang,
ditaboeran koe banjoe ĕmas,
siga bentang kabeurangan,
gĕndojong make karembong,
karembong poerba nagara,
dimangka tarik sisina,
dikira ngendong di tĕngah,
dipĕrih bareuh bagalna,
- "aing mah noe boga ieu
gĕdena sagĕde kieu" -
bisoel boeroeng lain kitoe,
bisoel bantat lain eta,
noe boeroeng sataoen-taoen.
goenoeng-goenoeng atoeh kĕmbar,
paranti njai keukeumbingan,
taktak taradjoe djawaeun,
paranti naradjoe bajoe,