Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde LVII.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Raden Rangga Sawoeng galing.

____


Radjah.

"Ahoeng koe si Rara wĕnang,
Ahoeng koe si Rara wĕning,
Rawana ngaran ing beurang,
Rawana ngaran ing peuting.

Poen.

Kaoela amit rek ngatoerkeun:
taroek daoen tandang poera,
tetela eusining boeana lĕga,
da poegoeh galoer ing pantoen,
Rek njaritakeun noe babeula bihari".

Katjarios Ratoe di Padjadjaran djĕnĕngan Praboe Siliwangi.

Poetrana noe kadoea sahandapeun tjikal, djĕnĕngan Raden Bagawat Iman Sondjaja, amitan ka ramana rek ngoembara ka tatar wetan.

Ari saoer ramana: "lamoen maneh rek ngoembara, geura ngoengsi ka nagara Koeta ngagangsa, di dinja nagara gĕde toer rame, djeung geulis modjangna".

Ari geus kawidian koe ramana, ladjĕng djĕngkar toempak parahoe.


Lagoe dajoengan.

Parahoena, parahoe kantjana,
parahoe sigaleotan,