Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

80

„sampejan noe ti mana nja nagara sarawoeh djĕnĕngan, dek naon nja pisĕdjaeun atawa lantoeng tamboeh lakoe, atawa lentang tanpa bedja?”

Ngadjawab Pandji Naga Bali, Naga Wajang, ari sadoeloer istri Atji Sombali djeung Sekar Rarang Ratna Kĕmbang. Noe matak datang ka Poelo Poetri lain goreng hate bĕlang bajah, ajeuna rek sĕdja oeloen koemawoela, eukeur mah diantos-antos, didago-dago beurang peuting. Ari ajeuna kasampak di Poelo Poetri, sĕdja pisan rek koemawoela, ajeuna njanggakeun Atji Sombali, Sĕkar Rarang Ratna Kĕmbang, sarawoeh radja-banda.”

Ari geus kitoe, ngalahir Raden Moending Laja di Koesoema: „aeh, Patih Naga Bali, noe matak ka Poelo Poetri oge hajang rĕnoeng dahoewan, rĕndang pawarang, ari Patih Naga Bali sĕdja oeloen koemawoela, soekoer pisan.”

Ajeuna katarimakeun, tĕtĕp di Poelo Poetri.

Katjarioskeun Moending Sangkala Wisesa djeung Moending Geger Malela ti mega malang sĕdja noetoerkeun ka Raden Moending Laja di Koesoema ka Poelo Poetri.

Katjarioskeun deui geus soemping ka Poelo Poetri, ladjĕng dibagejakeun koe Raden Moending Laja di Koesoema Moending Sangkala Wisesa Moending Geger Malela sĕrta tĕtĕp linggihna di Poelo Poetri.

Ditjarioskeun di nagara Koeta Lambaran noe kagoenganana nagara Kidang Lambatan.

Ari saderekna, Atji Bambang Ratna Kĕmbang, ngalahir ka rakana: „kakang, oerang boedal ka Poelo Poetri koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema.” Ngalahir Kidang Lambatan: „batan koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema mah saroewa baë djeung koemawoela ka toelang djagong. Rek sĕdja koemawoela mah, anggoeran ka