Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

82

Praboe Goeroe Gantangan. Ari keukeuh mah Atji Bangbang Ratna Kĕmbang, los baë sorangan koemawoela ka Raden Moending Laja di Koesoema: „kami mah rek nejang bebene ka Moewara Beres noe ngaran Njai Dewi Asri teja”.

Ngadjawab Atji Bangbang Ratna Kĕmbang: „ari ajeuna Njai Dewi Asri geus di Poelo Poetri djeung Raden Moending Laja di Koesoema, oelah keukeuh peuteukeuh ngamoesoeh ka ratoe, ngabaha ka menak. Ratoe mah tara moegoeran, menak tara ngarangrangan, noe wĕdoek loba di ratoe, noe gagah loba di menak. Ari kakang rek keukeuh, wĕdoek mowal teu nimoe toengtoeng, bĕdas mowal teu nimoe lawan.”

Ngalahir Kidang Lamatan: „kadjeun; aja di mana oge, tanwande ditejang Njai Dewi Asri.”

Ngalahir deui Atji Bangbang Ratna Kĕmbang: „kadjeun, ari keukeuh mah, bral baë.”

Ladjĕng angkat ka mega malang.

Katingali ti mega malang Njai Dewi Asri di Poelo Poetri djeung Raden Moending Laja di Koesoema keur ngĕrsakeun gogoöngan di boemina di Poelo Poetri.

Ditjarioskeun Njai Dewi Asri ngalahir ka saderekna Ratoe Malela: „oelah gogoöngan teung koela goreng nja impian bisi aja noe goreng hate bĕlang bajah.” Ngadjawab rakana Ratoe Malela: „ari goöng mowal direpehkeun; ari aja anoe goreng hate bĕlang bajah, ingkeun koemaha kakang.”

Katjarioskeun Kidang Lamatan di mega malang njirĕp ka Poelo Poetri, ladjĕng sarare kabeh ngan doewa teu kataradjang sirĕp ti mega malang, Moending Sangkala Wisesa sarĕng Moending Geger Malela.

Ngalahir Moending Geger Malela ka Moending Sangkala Wisesa: „eh, sadoeloer, koemaha, oerang batoer-batoer geus