Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde XLIX.pdf/107

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

84

sarare kabeh?” Ngadjawab MOENDING SANGKALA WISESA: „kadjeun teuing koemaha kakang baë, kaoela mah doeloer teu boga, teu boga kawoelakeuneun.” Ngadjawab MOENDING GEGER MALELA: „kadjeun ari kitoe mah koemaha kakang baë.”

Ladjĕng MOENDING GEGER MALELA ka pakoelĕman, kasampak RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA sarĕng NJAI DEWI ASRI keur sarare. Ladjĕng MOENDING GEGER MALELA nĕpak NJAI DEWI ASRI didjadikeun goegoeling. Ladjĕng ngagedok andjeun, MOENDING GEGER MALELA ngadjadikeun DEWI ASRI.

Ditjarioskeun KIDANG LAMBATAN noe njirĕp ti mega malang soemping ka Poelo Poetri, ladjĕng ka padalĕman. Ngalahir noe njirĕp teh, ka RADEN MOENDING LAJA DI KOESOEMA: „kaoela namboet pawarang sakeudeung noe ngaranna NJAI DEWI ASRI, ari geus rĕnoeng intjoe rĕndang pawarang meureun dipoelangkeun deui.” Ladjĕng dikandoeng NJAI DEWI ASRI, tjiptaän koe noe njirĕp teja, dibawa moelih ka nagara Lambaran.

Soemping ka nagarana, KIDANG LAMBATAN ladjĕng njaoer ka saderekna NJAI BANGBANG RATNA KĔMBANG: „pangakoekeun ijeu bebene NJAI DEWI ASRI. Ajeuna koedoe digeugeuh-geugeuh, koedoe ditjandak ka pakoelĕman bisina bĕndoe.”

Hatoeran ATJI BANGBANG RATNA KĔMBANG kа гаkа KIDANG LAMBATAN barina njarekan: „eh, kakang, tjarek djompong ti bareto, tjarek njai ti kamari, idjab ti boelan katoekang tadi oge oelah sok keukeuh peuteukeuh, oelah sok bantahan sakitoe haréloeng djangkoeng, boro djangkoeng koemis nanggoeng, djogor-djogor kabobodo, pintér-pintér kabalinger, monjet kapalingan djagong; djaoeh-djaoeh ngandoeng moesoeh, anggang-anggang mawa lawan.”